RSS



Dibungkus
Di toko bahan bangunan
Asep : Cik punten mésér paku sakilo
Pelayan : dibungkus?
Asep : Henteu, bade dituang di dieu (c euk Asep keuheul)
Pelayan : &^%*#$
(Mang Jamal)


Tatarucingan (1)
Aa : " Tukang naon nu teu katingali ?"
Oo : " Tukang bilik hayoh ! "
Aa : " Tukang bilik mah katingali kénéh ti hareup jeung ti tukang "
Oo : " Tukang naon atuh ? "
Aa : " Tukang teuing !!"

Tatarucingan (2)
Ii : " Saha jalma anu pang sadisna di lembur urang ? "
Uu : " Mang Sastra tukang jagal ".
Ii : " Éta mah kurang sadis ".
Uu : " Saha atuh ? "
Ii : " Aki Sarkawi deuleu. Unggal peuting nyeupan putuna ".
Uu : " Nya puguh, da aki Sarkawi mah tukang kuéh putu ! "
Abah Téa

Tatarucingan (3)
Nana : " Sayur naon lamun dipotong angger kénéh panjang ? "
Nono : " Nya kacang panjang atuh ! "
Nana : " Heueh, tara tisasari manéh pinter ".
Abah Téa

Tatarucingan (4)
Tati : " Naon cing, unggal dipotong kalahka ngajangkungan ? "
Tita : " Tangkal meureun. Unggal dipotong sirungan deui ".
Tati : " Lain. Calana panjang, coba potong handapna ".


Tatarucingan (5)
Ita : " Usaha naon nu nepi ka ayeuna tara aya nu maju ? "
Ati : " Usaha mencerdaskan bangsa meureun nya ? "
Ita : " Éta ogé bener, tapi nu pasti mah melak paré ".


Tatarucingan (6)

Ina : " Aya henteu hanjakal ti heula ? "
Ani : " Euweuh atuh. Saur ibu guru ogé sesal itu datang belakangan ".
Ina : " Ceuk kuring mah aya, contona lamun urang leumpang pauntuy-untuy siga urang
Baduy, nu panghareupna nincak taeun ucing. Lain hanjakal ti heula tah ?"


Tatarucingan (7)
Tita : " Kunaon nya pa Komar laki rabi tos puluhan taun teu acan kagungan putra baé ?".
Nunu : " Sigana mah alatan profesi pa Komar anu dokter gigi ".
Tita : " Naon nyah hubunganana jeung profesina ? "
Nunu : " Heueh ari dokter gigi mah goyang saeutik langsung di cabut ".
Tita : " Hah!!??&&%%@@## ", teu ngarti, maklum bujangan kénéh.


Tatarucingan (8)

Lulu : " Kunaon nya ibu ustadzah Erum henteu nganggo jilbab, padahal anjeunna pasti
terangeun yén jilbab téh paréntah Alloh nu aya dina Al Qur'an ? ".
Lala : " Ibu ustadzah Erum nganggo hukum parasmanan ".
Lulu : " Nu kumaha hukum parasmanan téh? "
Lala : " Enya, lamun urang keur parasmanan, nu kira-kira ngeunah dikeduk, nu teu
ngeunah diantep, lain kitu ? "


Tatarucingan (9)
Anas : " Ustadz Madsa'i sering khotbah ihwal sodaqoh. Tapi kunaonnya korét ? "
Anis : " Nu kitu kaasup golongan calo di terminal Baranangsiang ".
Anas : " Na kunaon kitu ?".
Anis : " Coba wéh tingali calo. Ka urang ngajakan ka Bandung, ari urang geus naék beus,
manéhna mah angger wéh ninggalkeun manéh di terminal ".


Tatarucingan (10)
Abu : " Si Adun loba duitna nya. Sigana unggal minggu sendalna genti nu alus".
Abi : " Lain loba duit, tapi ngamalkeun pituduh ajengan. Tinggalkeun nu goréng, cokot nu
alus. Tah pituduh éta di amalkeun si Adun di masjid alun-alun".
Abu : " Kutan kitu ? ".


Kapalang
Si Madhapi urang Soréang téa, ayeuna mah kacaritakeun geus digawé di pabrik MKM.
Manéhna kost di imah penduduk urang Madura kira-kira sapangududan ti pabrik.
Kabiasaan goréng si Madhapi nyaéta kaluar ti peuting, sakapeung mah balikna wanci hayam kongkorongok sakali.
Sakali mangsa si Madhapi balik peuting, gabrag-gebrug nécé kana tétécéan imah anu brasna kakamar manéhna nu persis luhureun kamar anu boga imah. Lung sapatu beusina (safety shoes pabrik) dialungkeun ka luhureun palupuh papan kamarna. Nya puguh nuboga imah kaganggu saréna. Isukna si Madhapi diusir, tapi buru-buru manéhna ménta ampun jeung janji moal gandéng deui.
Sabulan dua bulan mah janjina bener, ngan sakali mangsa balik ngalayab peuting manéhna ngalungkeun sapatu nu kénca.... brug ! mani tarik pisan alatan ngambek teu papanggih jeung kikindeuwanana néng Ésih urang Rawasari. Si Madhapi kaburu inget, terus sapatu nu katuhu diteundeun lalaunan ambéh teu ngagareuwahkeun nu boga imah. Aman ceu pikirna.
Isukna si Madhapi dicarékan laklak dasar.
"Kau sudah minta maaf, tapi berbuat salah yang sama. Kau lemparkan sepatu kau sebelah, aku tunggu yang sebelah lagi sampai pagi, sampai aku tidak bisa tidur lagi. Kali ini tidak aku maafkan. Keluar kau dari sini !"


Di Kantor Pulisi 1

Di kantor pulisi keur aya pamariksaan.
Pulisi : " Ku naon manéh maling munding ? "
Maling : " Abdi mah teu maling munding pa. Harita téh nuju abdi jalan-jalan
ngalangkungan haur konéng aya tambang nagolér dina taneuh, teras ku abdi di
pulung teras dicandak kabumi, ngan dina tungtung tambang aya munding, janten
wéh kacandak. Mundingna wéh anu nurustunjung pa ".
Pulisi : " Heueuh nukitu téh kaasup maling ngarana. Manéh téh geus boga sapuluh
munding lain di imah téh ?. Na sarakah atuh hayang nu batur. Lamun aing nimu
tai munding di jalan, manéh hayang dibéré sapotong ?".
Maling : " Ah alim pa".
Pulisi : " Tuh nya, bener ceuk aing gé, manéh mah sarakah. Kop keur manéh kabéh tai
munding téh ! Asup ka sel siah !".

Di Kantor Pulisi 2
Di kantor pulisi keur aya pamariksaan deui.
Pulisi : " Manéh anu maling huntu emas Bapa Cokro ? "
Maling : " Sumuhun pa, abdi".
Pulisi : " Pa Cokro téh katelah dukun sakti. Kunaon anjeuna teu ngaraos waktu manéh
nyokot waosna ? "
Maling : " Da pa Cokro na gé nuju nonton TV di tepas. Waos palsuna disimpen dina gelas
di dapur".


Matematika
Yuswa aki Sanusi tos langkung ti 70 warsih.
Dina hiji dinten anjeuna ngariungkeun para putra nu ngarumbara di nusantara.
Aki Sanusi : "Yeuh barudak. Maranéh geus nyaho yén nini téh geus lila pisan ninggalkeun urang".
Putrana : "Atuh 6 sasih mah teu acan lami atuh Bapa. Upami 6 warsih, nembé tos lami !"
Aki Sanusi : "Ah ceuk rarasaan aki mah asa geus lila pisan, asa geus 6 taunan".
Putrana : "Naon maksad aki téh ?"
Aki Sanusi : "Maksud aki, nyaéta hayang ménta bantuan maranéh mangnéangankeun gaganti nini".
Putrana : "Nu kumaha kinten-kintena aki ?".
Aki Sanusi : "Nya, nu umurna kira-kira 50 taunan, ambéh aki teu ngérakeun maranéh".
Putrana : "Teu aya atuh aki nu kitu mah".
Aki Sanusi : "Ari euweuh mah, nu 25 taunan atuh, tapi dua !"
Pala putra aki Sanusi, molohok teu ngarti kana matematika Aki Sanusi.


Hujan
Asmawi : " Beca ! Sabaraha ka jalan Pagarsih ?"
Tk béca : " Tilu rébu den ! "
Asmawi : " Na mahal-mahal teuing ?"
Tk béca : " Hujan den ! "
Asmawi : " Heueuh, numatak kana béca gé pédah hujan ! "


Lalajo
Deddy : "Pén, urang lalajo ju ! "
Pépén : "Ka mana ? "
Deddy : "Ka Alun-alun"
Pépén : "Manéh nu mayar karcisna nya ?"
Deddy : "Béréslah soal biaya mah ditanggung"
Pépén : "Naon judul pilemna ? "
Deddy : "Lain lalajo pilem si ! Lalajo tukang obat !"
Pépén : "Jig indit sorangan !!"

Exportir
Dikdik : "Bapa déwék mah ex pejuang deuleu !"
Daddy : "Bapa déwék mah exportir di bilangan Warung Panjang"
Dikdik : "Naon nyah nu di exportna ? Asana euweuh kantor export didinya mah".
Daddy : "Lain export barang. Ieu mah ex portir, alias urut kuli angkat barang !"

Indung
Aa : "O, kuring mah boga indung téh boro-boro méré dahar paké, ieu mah tara nanya-
nanya acan "
Oo : "Piraku aya indung kitu patut, indung téré gé osok nanya-nanya baé mah. Éta téh
indung manéh teges ?"
Aa : "Lain O. Indung suku !"


Potong Suku

Si Akim kamari ragrag tina tangkal peuteuy, suku katuhuna potong.
Si Akim : "Ah, padahal mah entong suku katuhu nu potong téh".
Si Atam : "Har ari Akim, sanajan suku nu kénca ogé nya ulah potong atuh"
Si Akim : "Ah katuhu ulah, kénca ulah. Ari kahayang kuring mah suku korsi nu potong téh".


Piguran
Sutradara : "Kanggo pilem perang kolosal ieu urang peryogi piguran kinten-kinten sarébu
urang"
Produser : "Kumaha atuh urang mayarna nya, bisa bangkrut perusahaan".
Produser : "Kumaha pa, upami urang nganggo pélor enyaan ?"


Garuda
Adun :"PT Garuda Indonesian Airways meunang panghargaan minangka pausahaan
penerbangan pangamana sadunya. Hébat nya !"
Asan :"Puguh wéh reueus. Naon nyah pertimbangan jurina ?"
Adun :"Pesawat Garuda mah moal aya nu masangan bom waktu, lantaran jadwalna sering
ngaco !"


Du'a
Ajengan : "Lamun urang rék dahar kudu maca naon ?"
Santri : "Bismillah...!"
Ajengan : "Sanggeus réngsé dahar kudu maca naon ?"
Santri : "Astagfurillah ....!"
Ajengan : "Na maranéh téh poho ? Kudu maca alhamdulillah..!"
Santri : "Tapi kamari mama ajengan maca astagfurillah di restoran ?"
Ajengan : "Oh..eh.., éta mah béda..., tagihanana mahal teuing.."


Di Pecinan

Karna : "Sabaraha harga CD nu ieu ?"
Karno : "Céng go "
Karna :Ah, mahal teuing. Go céng wéh nya ?"
Karno :"Punten, ari gocéng téh sabaraha ? Da abdi mah sanes akéw"
Karna :"Sarua kuring ogé lain akéw. Ari céng go téh sabaraha ?"

Istimewa
Ari : "Kasur jeung anggel téh bahana sarua tina kapuk lain. Tapi kunaon ari saré dina
kasur masih kénéh dianggelan ?"
Ara : "Biasa. Ari kapala mah sok hayang diistiméwakeun !"

Salah Ngahartikeun
Ki Ibro jeung si Ju'i keur uplek ngobrolkeun kaayaan ayeuna bari ngadéngékeun radio di pos ronda tukangeun masigit. Kabeneran harita téh keur nyiarkeun laporan langsung démo di istana nagara.
Démonstran : " Turunkan BBM !, turunkan BBM !"
Anu di démo : " Saudara jangan ikut campur urusan pribadi saya. (B)erat (B)adan saya
(sora awéwé) adalah urusan pribadi saya. Walau badan saya gemuk, tetapi bukan hak
saudara untuk menurunkannya !".
Ki Ibro : " Euh ari kitu mah sigana salah ngahartikeun. Paingan atuh harga BBM teu
turun-turun ! Sigana mah tersinggung si ibu téh."
Si Ju'i : (molohok teu ngarti)


Ngilu Salah
Mama Ajengan nuju ngawulang santri-santrina ihwal kaayaan ayeuna.
Mama Ajengan : " Kaayaan anu riweuh kieu téh alatan para pamimpin urang anu leuwih réa
mikirkeun partaina tinimbang rakyatna. Ku kituna ayeuna urang kudu
sering-sering ngadu'a anu alus ".
Santri : " Numutkeun pendapat abdi mah, Mama Ajengan ngiring saham kana
kaayaan anu riweuh kieu. Para pamimpin téh henteu diazab ku Alloh ".
Mama Ajengan : " Naha manéh nyalahkeun mama ?"
Santri : " Cobi wéh perhatoskeun du'a mama, ......ampunilah dosa-dosa para
pemimpin kami ........, janten wéh unggal badé di azab ku Alloh,
para pamimpin urang kénging ampunan, kumargi di du'akeun baé ku
mama".
Mama Ajengan : " Ari kitu mah tandana du'a mama téh makbul nya ? Urang ganti atuh
redaksi du'ana nya !".


Moal deui-deui

Aya dua sobat langgana ngopi diji warung, tapi abongkena dedeg pangadegna pikagigiseun, duanana sok rea pisan tingkahna ngaheureuyan budak anu sok ngalayanan di dinya. kopi tea dibahekeun, uyah jeung gula dipatukurkeun wadahna, barang dahar ambalayah kana meja nepi kataplakna kotor, jeung sajabana, tapi budak nungalayannana teh teuing ku sabar, mangkaning sakapeung mah sok dicarekan teu pupuguh. nu boga warung oge henteu bisa kukumaha anakna dikitukeun teh, da heunteu untupan nenjo dedeg pangadegna nu dua eta, ari mayar mah duanana oge sok bener deuih.
Sabada sawatara bulan kikituan, salah saorang diantara nu dua teh nyarita kabaturna " Asa teu puguh mangbulan-bulan urang ngaheureukeun eta budak, mejeuhna ayeuna mah dieureunan nya. karunya."
Tembal baturna, " Enya karunya. hadena urang persen sing gede, itung-itung pameulina, nya."
Barang nu duaan tea datang deui ka eta warung samemeh pesen nanaon, nu saurang nyarita ka budak nu sok ngalayanan tea "Jang hampura, nya. Akang duaan sok ngaheureuyan, ayeunah moal deui-deui. malah yeuh duit persen, tarima.
Walon eta budak sabada narima duit,"Sami-sami. Abdi oge engke mah upami ngaladangan kopi moal diciduhan heula ........"


Péci Mawa Rejeki
Sardun : " Hébring yeuh péci kuring mah, mawa rezeki".
Sarkim : " Kumaha nyah caritana ?"
Sardun : Yeuh, basa kuring ka dayeuh, kuring rék asup ka toko, péci na ku kuring
diteundeun di luar. Na éta mah waktu kuring kaluar ti toko, péci kuring geus
pinuh "
Sarkim :" Sabaraha rébu nyah ?".
Sardun : Lain sabaraha rébu, ieu mah pinuh sotéh ku laleur !"

Sisindiran
Si Unang keur ngobrol jeung pamajikana ngenaan minantu-minantuna nu karorét. Keur kitu jol minantuna di golodog imah.
Minantu 1 : " Assalamu'alaikum".
Mitoha : " 'Alaikumusalam "., témbal pamajikan si Unang, tapi si Unang na mah kalah
ka asup ka kamar.
Minantu 1 : " Abdi teu nyandak nanaon, léngoh pisan, da gurung gusuh"
Mitoha : " Nya geus, teu nanaon ".
Si Unang : " Dasar pelit ", si Unang gegelendeng di kamarna.
Minantu 2 : "Assalamu'alaikum".
Mitoha : "'Alaikumusalam "., témbal pamajikan si Unang, tapi si Unang na mah kalah
tetep cicing baé di kamarna.
Minantu 2 : " Ieu abdi mawa iwung jeung nangka, mawa beunyeur tapianeun...."
Si Unang curinghak ceulina ngadéngé omongan minantuna nu kadua, nu seniman. Tuluy buru-buru kaluar kamar mani tibuburanjat ngabagéakeun minantuna nu kadua.
Si Unang : "'Alaikumusalam, aéh aya ujang. Kadieu asup. Mana babawaanana ? "
Minantu 2 : " Da abdi mah teu nyandak nanaon "
Si Unang : " Ari bieu cenah ..."
Minantu 2 : " Da Abah anu nempas sisindiran abdi. Lengkepna mah kieu ....mawa iwung
jeung nangka, mawa beunyeur tapianeun. Mawa irung jeung mata, mawa
beuteung eusianeun !"
Si Unang : " Dasar kabéh parelit ", sup deui wéh ka kamarna.


Di Terminal
Calo : " Garut ! Garut ! Rék ka Garut jang ? Aya jok kosong hiji deui ! "
Budak : " Arék ".
Calo : " Sok atuh ambéh téréh mangkat".
Budak : " Ah ulah ayeuna, engké wéh ari peré sakola !"


Géér
Oo : " A, manéh ku badag-badag teuing nya "
Aa : " Puguh wéh atuh da body fitness terus ! Manéh gé kuat katingalina mah".
Oo : " Lain awak manéh nu badag, tapi jarawat manéh !"
Aa : " Ah manéh mah, abong-abong baby face, sigana lamun digincuan jadi geulis".
Oo : " Ari kuring katingalina kuat kitu ?"
Aa : " Heueuh lain kuat tanagana, tapi kuat kaéra !"

Matematika
Di désa Ciburayut keur aya sensus penduduk.
Petugas : " Di rorompok ieu aya saha baé ?"
Nyi Icih : " Randa dua, anak dua, indung wéh dua jang ".
Petugas : " Atuh janten genep nya".
Nyi Icih : " Nya henteu atuh jang. Kabéhna jadi aya tilu"
Petugas : " Kumaha ari Ibu ?"
Nyi Icih : " Gera wéh itung. Randa dua, nya éta sim kuring jeung anak kuring si Romlah.
Anak dua, nya éta anak kuring jeung incu kuring si Déni. Atuh indung aya dua,
nya éta sim kuring jeung anak kuring si Romlah".
Petugas : " Ari kitu mah, atuh suku ucing aya 8 "
Nyi Icih : " Dalapan kumaha ari ujang, nya opat atuh ".
Petugas : " Cobi wéh étang. Nu hareup dua,nu tukang dua,nu katuhu dua, nu kénca dua ".
Nyi Icih : " Heueuh nya, urang téh sarua bodona atawa sarua pinterna ?.


Palajaran Basa Arab

Dikdik : " biisul bi minal tuurin waswaatun hupir "
Imam : " Naon hartosna mama ? "
Dikdik : " bisul dina tuur lamun disuat ripuh ! "


Parawan
Deni : " Pén, milih mana parawan ayeuna jeung parawan baheula ? "
Pépén : " Kuring mah milih parawan baheula, lantaran pasti aslina "
Deni : Oh ari kitu mah pék kawin nini kuring ku manéh ! "


Tarif
Fitha : " Ka Pagarsih sabaraha mang ? "
Tk béca : " Pasihan wéh sarébu néng ".
Fitha : " Na mahal-mahal teuing, da Pagarsih mah deukeut lain ? "
Tk béca : " Sumuhun caket. Da upami tebih mah moal kersa sarébu ".


Kaca
Hiji jalma (pengunjung) asup ka studio hiji pelukis abstrak. Pok manéhna nanya, “Ieu téh karya anu pangénggalna?”
“Sanés, éta mah kaca, kamari peupeus ku pun anak” walon pribumi.

Sarebu
Ujo : Bro, duit sabaraha anu katirisan ?
Ibro : Naha aya duit nu katirisan pan emang duit mah euweuh nu make baju lain ?
ujo : enya cik tebak duit sabaraha ?
Ibro : teuing ah teu nyaho
Ujo : duit sarebu
Ibro : Naha kitu ?
Ujo : enya ari Sarebu ligir mah pasti katirisan komo deui make AC mah
Ibro : nurustunjung


Ngaran
Ujo : ngaran naon anu pang lega na
Ibro : Iim
Ujo : lain Iim mah saeutik ngan 11 meter
Ibro : naon atuh
Ujo : Ioh atuh pang lega na mah 10 Hektar
Ibro : ari maneh meunang maksa pisan !

Sulastri & Kamerdikaan
Aya urang wétan kakara bisa basa Sunda, nyarita bari hariweusweus :
" Ngabdi téh lapar pisan, dugiken ka sulastri (maksudna salastri). Lajeng baé dahar maké sayur tarajé (maksudna iwung) jeng daun poyom (maksudna daun sampeu), séépna telu piring, dugi ka kamerdikaan (maksudna kamerekaan) !".


Rada Torék
Aya 2 jelema nu rada torék, pasalingsingan. Der jelema torék 1 nanya.
Torék 1 : "Rék ka pasar Din?"
Torék 2 : "Henteu Céng, rék ka pasar uing mah."
Torék 1 : " Oh, sugan rék ka pasar"


Sarua Buta Hurupna
Hansip : " Mana KTP ?!"
Si Ibro : " Ieu pa".
Hansip : " Saha ngaran manéh ? "
Si Ibro : " Pan aya dina KTP pa ".
Hansip : " Heueuh kuring mah hayang ngakurkeun jeung jawaban manéh !".


Obat Kumis
Tukang obat : " Obat kumis ! Obat mujarab kanggo nu hoyong kumisan ! "
Budak sakola : " Bapa téh tukang obat kumis, gening teu kumisan ? "
Tukang obat : " His ulah céréwéd ! . Tuh tukang endog gé henteu endogan ! "


Aki-aki Pinter
Ujang : " Nuju milarian naon ki ? "
Aki : " Nyéta jang, aki téh keur néangan bako "
Ujang : " Na tadi ragragna di mana ? "
Aki : " Di jero imah ari muragna mah "
Ujang : " Kunaon atuh aki téh milariana di luar ? "
Aki : " Puguh di jero mah poék jang ! "


Nulungan
Pa Sarwi : " Bapa anu nulungan pun anak anu kacilakaan téh ? "
Pa Dasman : " Muhun. Ah tos kawajiban urang nulungan anu cilaka sanés ? "
Pa Sarwi : " Muhun. Tapi dina pésak pun anak téh aya artos lima rébu. Kamana nya ? "


TTS
Aa : " Presiden Amérika nu ka opat saha ? "
Oo : " Sabaraha kolom ? "
Aa : Sapuluh kolom, dimimitian ku aksara J "
Oo : " Tulis wéh John Lenon ! "
Aa : " Ah embung, salah pasti ! "
Oo : " Kajeun teuing salah gé, da moal dihukum ! "


Curiga
Zaman baheula ceuk dongéng, sasatoan bisa ngarobrol ilaharna manusa.
Hiji poé di situ aya gajah keur ngeueum, di sisi situ aya sireum keur kuralang-kuriling siga aya nu keur ditéangan.
Gajah : " Keur naon manéh téh Reum, siga nu bingung katingalina téh ? "
Sireum : " Heueh Jah kuring téh keur bingung. Cikan hanjat sakeudeung "
Gajah : " Embung ah, sakieu keur ngeunah téh, ngaganggu baé ".
Sireum : " Sakeudeung wéh da bageur ".
Gajah hanjat bari teu ngarti kahayang sireum.
Sireum : " Geus Jah, pék ngeueum deui. Tadina sugan téh calana renang kuring dipaké
ku manéh ! " .


Es Jus
Iin : " Hébring nya si Iceu. Ayeuna mah geus boga restoran di unggal kota ".
Lia : " Ceuk saha kitu ? "
Iin : " Tuh wéh tingali, ampir di unggal réstoran gedé aya tulisan ICE JUICE ".
Lia : " Na da ngarana mah Iceu Manurung ? Diganti kitu nya ? "


Aki Jahat
Aki-aki : " Hiap kadieu cu, amengan sareng Aki ! "
Incuna : " Alim ah, Aki mah jahat ! "
Aki-aki : " Jahat kumaha ari ucu ? "
Incuna : " Kamari gé acuk Abah bolong, saurna ku cai Aki ! "


Saruana
Dikdik : " Cik, ménta rokona Dan ! "
Dadan : " Daék Jarum ? "
Dikdik : " Kajeun lah Jarum gé ! "
Dadan : " Daék sabatang ? "
Dikdik : " Enya lah tibatan haseum ! "
Dadan : " Daék meuli sorangan ku duit manéh ? "
Dikdik : " Mun titatadi, teu boga kituh ! Dasar siah...! "

Salah Harti
Si Alimih urang Betawi keur ngabantuan si Yusuf urang Sukabumi nu keur ngajeroan sumur mang Dadang di Cilandak. Si Alimih diluhur, si Yusuf dijero sumur.
Alimih : " Sup, udéh beduk tuh, apé lo kaga Jum'atan ? "
Yusuf : " Éh heueh, sok atuh turunkeun tarajéna, kuring rék hanjat !"
Alimih : " Apé ? Gué kagak denger, ntu sih ojék berisik banget !"
Yusuf : " Tarajé ! "
Alimih : " Oh ya udéh kalo lo maonya gitu ".
Koloyong si Alimih ninggalkeun si Yusuf di jero sumur anu geus aya caian deui.
Kumaha kaayaan si Yusuf sanggeus si Alimih datang ti masigit bada Jum'at ?.
Mangga taroskeun wéh ka jinisna !

Lebar
Hiji peuting si Mulyana keur saré lelenyepan di kamar imahna. Di dapur kadéngé aya nu nagorombrang.
Mulyana : " Saha éta, ucing atawa jelema ? "
Maling : " Aing maling, kaluar manéh ari wani mah ! "
Mulyana : " Oh jelema, sugan téh ucing, éta lebar bisi maok hulu peda luhureun hawu ! "


50
Dibalikeun
Hiji mangsa Mang Yogi nganjang ka imah Mang Naddy. Kabeneran di imah Mang Naddy keur euweuh pisan kadaharan, tapi rada teu ngeunah ari teu nawaran dahar ka Mang Yogi da waktuna dahar harita téh.
Tungtungna Mang Naddy basa-basi nawaran dahar ka Mang Yogi, susuganan wéh Mang Yogi nolak, tawar gatra lah meureun ceuk paribasana mah.
Mang Naddy : " Mang Yogi, hayu urang tuang heula, kaleresan aya peda "
Mang Yogi : " Wah kabeneran ti isuk encan kaasupan sangu pisan"
Basa pamajikan Mang Naddy rék nyadiakeun sangu katut peda nu ngan hiji-hijina tina lomari, anakna Mang Naddy ngarenghik lantaran peda téh hancenganana.
Indungna : " Moal di séépkeun sadayana kutamu jang. Paling-paling ogé sabeulah "
Jep anakna Mang Naddy répéh sanggeus diomongan kitu ku indungna.
Anakna Mang Naddy ngintip Mang Yogi nu dahar mani ponyo tina liang leutik dina bilik.
Anakna : " Maaaaa.....! Lauk ujang dibalikeun.......! ", gaur ceurik mani tarik.


51
Dukun Hébat
Di Amérika aya dukun urang Indian anu katelah hébat dina ngaramal cuaca.
Aya wartawan ti majalah Time anu panasaran, terus ngadatangan si dukun rék wawancara.
Wartawan : " Ramalan anjeun ngeunaan cuaca jarang salahna.Kumaha prak-prakanana ?
Dukun : " Kuring kakara bisa ngaramal lamun jam geus leuwih ti jam salapan "
Wartawan : " Naha kitu ? "
Dukun : " Lantaran berita radio ngeunaan ramalan kakara disiarkeun jam dalapan "
Wartawan : " Jadi .... ? "


52
Dasar Budak
Di dapur, pamajikan mang Adhi Jatnika keur sibuk ngagugulung botol.
Indung : " Jang gera kadieu sakedap ! "
Anak : " Aya naon ma ? "
Indung : " Ieu pangaluarkeun tutup botol anu nyeplos ka lebet botol, da kasép "
Anak : " Mangga ma, gampil atuh éta mah "
Botol di cokot ku budak mang Adhi. Teu kungsi lila kurunyung budak téh datang deui.
Anak : " Ieu ma tutup botol téh ! "
Indung : " Pinter anak ema. Ari botolna mana jang ? "
Anak : " Dipiceun ka carangka runtah da tos janten beling ayeuna mah ma "
Indung : " ???? "


53
Bolot
Pa ketua RW ngempelkeun para ketua RT di bumina.
Pa ketua RW : " Bapa-bapa ketua RT 1 dugi ka RT 8 sadayana. Énjing di pendopo
kalurahan badé aya penjelasan di petugas Pertamina ngeunaan minyak
tanah. Umumkeun ka unggal kapala kaluwarga di RT masing-masing "
Ketua RT : " Mangga bapa ketua RW "
Isukna di pendopo kalurahan geus kumpul para kapala kaluwarga nu rék ngadéngékeun penjelasan soal minyak. Tapi kunaon ti RT 8 marawa kaléng minyak pagedé-gedé ?
Pa ketua RW : " Kunaon bapa-bapa nyarandak kaléng minyak pa ageung-ageung ? "
Warga RT 8 : " Saur bapa ketua RT 8, di dieu badé aya pembagian minyak haratis "
Pa ketua RW : " Tah kieu ari aralim nyumponan uleman pamilihan ketua RT téh. Janten wéh
anu bolot nu kapilih janten ketua RT aranjeun ! ".

54
Péngkor
Di salah sahiji kota aya hiji tempat anu ngarana Péngkor.
Kacaritakeun aya tukang béca anyar anu can pati nyaho ngaran-ngaran tempat di kota éta.
Muladi : " Mang tilu rébu nya nepi ka Péngkor ! "
Tk Béca : " Bapa ulah ngahina ka kuring, abong ka pantar tukang béca ! "
Muladi : " ???? "


55
Korét
Wan Abud urang Kaum katelah korét. Hiji mangsa kapaksa kudu nganteur ulin anak lanceukna ti Madinah nu keur nganjang ka imah kolotna Wan Abud, nu hayangeun tumpak béca lantaran di Madinah cenah mah euweuh béca.
Wan Abud : " Mang sabaraha ka Alun-alun ? "
Tk Béca : " Pasihan wéh lima rébu pa "
Wan Abud : " Sakitu téh pan duaan lain ?. Ari kuring wungkul sabaraha ?"
Tk Béca : " Sami baé pa "
Wan Abud : " Ari budak ieu wungkul ? "
Tk Béca : " Ah, murangkalih mah haratis pa ".
Wan Abud : " Ari kitu mah, budak wéh anu tumpak ka alun-alun. Kuring mah rék leumpang
wéh, ké nyusul ".
Tk Béca : " Sugan garélo jelema di kota ieu téh nya !? "


56
Reuni
Hiji mangsa Ibu Enung ngondang babaturanana nu geus heubeul tara papanggih,
reuni lah meureun ti ditu na mah. Reuni na di sport hall Kelapa Gading
nu sisi kolam renang téa, sigana mah embung éléh ku para Manager KTB.
Kabéh geus ngumpul, teu kungsi lila jol ibu Fitha nu elat lantaran mobilna mogok.
Kacaritakeun breng wéh ngadarongéng pangalaman saurang-saurang.
Ibu Enung: " Sok dimimitian ku Ibu Fitha. Ibu Fitha téh tos ti Jerman sanés ?,
ari basa Jerman na mobil mogok naon ? "
Ibu Fitha : " Haben nagen "
Ibu Enung: " Oh éta mah sarua wé jeung mugen power !. Ari Ibu Iin nu ti India,
basa India na jelema korét naon ? "
Ibu Iin : " Mérégé hésé "
Ibu Enung: " Euleuh siga sinétron Bolly Wood nya. Ibu Lia nu ti China,
lamun nyuguhan tamu basa China na naon ? "
Ibu Lia : " Nyi cian téh "
Ibu Enung: " Oh siga dina film kung fu, gening aya adegan maling nu ditangkep
ku pulisi, ceuk si pulisi téh cenah ...shiang shiang ma ling shéng,
awas tang lie chien wo ! "
Ibu Mia : " Héy pa Hasman tong molotot baé ka kolam renang ! Pa Hasnam nu
ngumbara di Arab, naon basa Arabna mojang hanjat ti kolam renang ? "
Pa Hasman : " Oh.... naon nya, oh... wa'as ku munuu na "
Heuheuy deuh, aya ku hébat pangalaman ngumbara téh nya !


57
Basa Jakarta
Ieu mah riwayat mang Déni baheula, keun baé lah di uar-uar gé da kitu ayana.
Kacaritakeun harita téh mang Déni kakara pisan ka Jakarta, jadi maklum lah basa Jakarta na can lancar pisan.
Kakara gé turun tina beus di Kampung Rambutan harita téh, aya copét keur diudag-udag ku masyarakat. Si copét lumpat persis dihareupeunana.
Mang Déni : " Wah sayah takut sekali, saya kagét setelah beristirahat "
(maksudna kagét setelah beristirahat, nyaéta reuwas kareureuhnakeun !)
Masyarakat : " Lu temenya ntu copét yah ?! "
Mang Déni : " Éit jangan gituh ! Saya kan tidak memépés tidak membakar,
kenapa dituduh ? "
( maksudna tidak memépés tidak membakar, nyaéta teu mais teu meuleum = paribasa Sunda nu hartina teu ngalakukeun nanaon pisan)
Masyarakat ngepung rék ngagelutan mang Déni.
Mang Déni : " Éit, émangnya gué berani, begini juga gué jago penca. Sok lah silakan
maju semua, saya mah cukup bersatu saja"
( maksudna cukup bersatu, nyaéta cukup sorangan baé )


58
Ex Karyawan KTB
Bapa Maskur : " Héy jang kadieu ! "
Tukang suuk : " Mangga pa badé ngagaleuh suuk ? ", bari hariweusweus.
Bapa Maskur : " Lain jang. Arék nanya wungkul. Ari manéh jadi tukang suuk geus
sabaraha taun ? "
Tukang suuk rada kesel, jauh-jauh lulumpatan, sugan téh suukna rék dibeulian.
Tukang suuk : " Kinten-kinten opat taunan pa, ari kitu aya naon ? "
Bapa Maskur : " Lain jang. Ari geus opat taun mah kuduna manéh téh geus
boga kebon suuk opat hektar ! Héh.. héh...héh...."
Tukang suuk : " Dupi bapa damelna di mana ? "
Bapa Maskur : " Kuring mah pansiunan KTB, pausahaan nu nyieunan mobil "
Tukang suuk : " Dupi bapa tos sabaraha taun didamel di KTB na ?"
Bapa Maskur : " Aya kana dua puluh taunan mah jang ", reueus.
Tukang suuk : " Oh atuh bapa téh tos gaduh mobil dua puluh nya ? ", bari ngaléos.

59
Hampas Kadu
Titin katelah beuki dahar, utamana kana kadu. Sabaraha baé hargana pasti dibeuli, sakumaha baé réana moal disésakeun.
Keur peré tutup taun kamari Titin balik ka lemburna, kabeneran keur usum kadu. Atuh hayang meuntas manggih cukang ceuk paribasana mah.
Ku réa-réana dahar kadu, tungtungna nyeri beuteung. Berebet lumpat ka walungan da di lemburna mah euweuh WC.
Tapi dasar beuki kadu, keur miceun gé angger kénéh wé bari ngadahar kadu. Hieng.. aya laleur muter luhureun sirahna, treup euntreup dina kadu nu keur dilamotan.
“ Jadil siah ! Kadu aing ngan kari sasiki dipikahayang ku laleur “, Titin ngambek, tapi tuluy nyéréngéh sorangan siga nu meunang akal.
“ Ah, boga akal aing “, ragamang leungeuna kana bujur, coél curukna nu kénca nyolék taeuna, kaciri kabawa saeutik dina tungtung curukna rada konéng.
Si laleur ayeuna mah pindah, ber hiber terus euntreup dina tungtung curukna, lain dina kaduna.
“ Hag siah ! Éta bagian manéh mah lain kadu ! “, reueus ku akalna anu jétu.
Sanggeus réngsé huazat besharna, terus cécéwok. Ngan sigana mah bakat ku tiris, karasana geus nepi kana cai walungan, ari pék encan, atuh heueuh talapak leungeuna pinuk ku hampas kadu ! Titin reuwas, panasaran diangseuan, ah bener can tepi kana cai, ku gerak reflex leungeuna diképrétkeun maksudna ambéh hampas kadu na mencleng, tapi ari beletak téh leungeuna kana batu walungan mani tarik pisan.....
“ Aduh.....nyeliiii “, ngagoak ceurik bari gerakan reflex deui baé ngan lamoooot wéh ramo-ramo leungeuna anu pinuh ku hampas kadu téh di lamot ! Anyiiiirrr !


60
Tinggaleun
Kacaritakeun Wan Abud ulin jeung pamajikanana ka imah lanceukna di Madinah, pédah wé diongkosan ku lanceukna, da ari ngongkos sorangan mah pimanaeun, keur mah euweuh, katurug-turug korét.
Kulantaran di Indonesia euweuh onta, maranéhanana hayang ngajaran tumpak onta.
Mimitina mah si onta téh nurut, tapi lila-lila ngadat, mugen indit.
Wan Abud inget cacaritaan yén aya palakiahna sangkan onta bisa maju deui.
Wan Abud turun tina onta, pamajikanana tetep diluhureun tonggong onta.
Kusiwel Wan Abud ngaluarkeun balsem tina sakuna, terus dibalurkeun kana endog onta.
Bener wéh gening, teu kungsi lila si onta ngagurubug terus lumpat mani tarik pisan mamawa pamajikan Wan Abud.
Wan Abud bingung tinggaleun, mana jauh kamana-mana di tengah lautan keusik.
Hing wéh ceurik sorangan, tapi teu pati lila.
Kabeneran balsemna nyésa, terus dibalurkrun kana endog Wan Abud,
Bener matih.... Wan Abud bisa lumpat tarik pisan ngaleuwihan onta, nyusul pamajikanana.


61
Salah Térong ?
Si Iyem téh urang wétan anu ngumbara di Subang jadi pembantu di imah randa nu hirup sorangan. Si randa can kolot-kolot teuing, ngan ganjen pisan. Si Iyem sumawona, ngora kénéh, ganjen, jeung cenah mah sok ngasupkeun lalaki ka kamarna lamun si randa geus saré.
Hiji isuk si randa ka dokter lantaran si randa ngarasa aya nu anéh dina cikiihna anu rada beureum.
Dokter : “ Mungkin ada perdarahan dalam saluran kencing nyonya, jadi periksa di lab “
Nepi ka imah, si randa langsung ka cai, kaluar deui nyalukan si Iyem.
Randa : “ Yem , bawa botol ieu ka laboratorium. Kadé ulah peupeus atawa bahé ! “
Si Iyem mawa botol nu eusina cikiih randa téa ka laboratorium.
Iyem : “ Teu kira-kira si nyonyah, mariksakeun cikiih mani sabotol sirop “.
Si Iyem gegelendeng sapaparat jalan bari leumpang. Kulantaran kurang ati-ati si Iyem titajong. Bru labuh, botolna peupeus ! Si Iyem sieuneun kacida. Mikir néangan akal, da ari terus terang ka si randa mah teu wani, pasti dicarékanana. Si Iyem tungtungna manggih akal, terus meuli botol kosong urut bir di warung. Ngilu ka cai nu boga warung, si botol dieusian cikiihna.
Isukna Si Iyem dititah néang hasil lab ku si randa. Teu kungsi lila geus balik deui mawa hasilna.
Iyem : “ Ieu hasil pamariksaan laboratoriumna nyonyah “.
Randa : “ Cik kadieukeun, kuring hayang nyaho hasilna “.
Teuing kumaha hasilna mah da teu ngilu maca, ngan katingali beungeut si nyonya jadi semu beureum. Terus gurung gusuh ka kamar, kaluar deui mawa térong panjang, terus ka dapur. Jedak-jedak si térong téh dicacag di luhureun talenan kai bari kukulutus :
“ Gara-gara manéh yeuh, aing geus kolot kieu jadi reuneuh... ! Sia téh pilakadar térong, naha
atuh bisa ngéléhkeun urut salaki aing ? ! “
Si Iyem molohok ngembang kadu teu ngarti !

62
Gambar Cakcak
Silobahutang téh urang Batak asli nu digawé di salah sahiji pabrik mobil. Silobahutang rada bangor, sigana mah alatan sering kaluar kota tugas ti kantorna.
Hiji waktu Silobahutang ditugaskeun ka Australia. Kulantaran manéhna jelema bangor, ka pamajikanana ogé jadi curiga baé.
Silobahutang : “ Selama aku tugas, kau jangan main sérong ya ! “
Silobahutang boga akal, manéhna ngagambar cakcak persis dihandapeun bujal pamajikanana, ceuk pikirna gambar cakcak ieu bisa ngajaga si legok hangseur karesepna, lamun pamajikanana sérong jeung lalaki séjén pasti kudu mandi junub, tah pasti gambar cakcakna leungit.
Pamajikanana nyahoeun yén Silobahutang sok jajan ari tugas luar kota, jadi manéhna ngalayanan kikindeuwanana sabot Silobahutang tugas luar kota. Tapi poho kalahka mandi, jadi wéh gambar cakcakna leungit. Buru-buru manéhna ménta kikindeuwanana ngagambar cakcak di tempat nu asal, ngan pohoeun kamana ngalieukna hulu cakcak gambar salakina.
Kacaritakeun Silobahutang geus tugas sabulan. Balik ti Australia langsung mariksa gambar cakcakna.
Silobahutang : “ Hey, mengapa pula cicak ini menéngok ké atas, padahal aku gambar déngan posisi menéngok ké bawah. Kau sérong yah ? !”
Pamajikanana : “ Héy, sudah sébulan aku tak mandi. Mungkin cicaknya tidak tahan baunya ! “
Silobahutang : “ Oh, bégitu yah ?!”, kaharti ceuk pikirna.


63
Mama Ajengan Jeung Mang Iid
Kacaritakeun Mama Ajengan jeung Mang Miid, supir beus wafat dina waktu anu bareng. Di panto Sawarga Mama Ajengan jeung Mang Miid teh diabsen ku malaekat nu ngajaga panto gerbang Sawarga.
"Aran!?"
"Pun Miid kaulanun"
"Pacabakan?"
"Supir beus, ti aalit dugi ka gede abdi mah teu tebih tina mobil, ngawitan jadi kenek teras jadi supir"
"Tempat maneh di Kamar 12, tah ieu koncina!", ceuk malaikat teh bari ngasongkeun konci, terus nanya ka Mama Ajengan.
"Pacabakan?"
"Dakwah, tukang mamatahan supaya jalma salaladar emut kanu Maha Kawasa"
"Oh ..... ieu anjeun mah di kamar 222", Ceuk malaikat bari mere konci kamar nomer 222.
Mama Ajengan ngagiridig nuju ka kamar manehna, rada jauh jeung ngaliwat ka kamar 12, tempat Mang Miid ditempatkeun. Manehna nyimpang heula, tempa-tempo ka kamar Mang Miid. Uluh mani mewah: Tempat sarena alus pisan euweuh nu nandingan didunya mah, ubinna mani ngagenclang. Ah ... pokona mah kamarna mewah alahbatan kamar hotel bentang lima.
"Wah komo aing mah", gerentes hate Mama Ajengan. Manehna gagancangan ngajugjug kamar manehna. Tapi kacida hanjeluna, barang ningali kamar manéhna mah ukur siga kamar losmen. Ranjangna tina kai, kasurna ipis, ubinna ge rada kuleuheu. Mama Ajengan protes ka Malaikat nu nempatkeun, naha supir beus ditempatkeun di kamar anu mewah, ari manehna ukur kamar sederhana. Ari ceuk Malaikat teh:
"Anjeun tukang Dakwah, tukang mamatahan ka balarea, tepi ka balaréa arunggut-unggutan, tuntungna ngalenggut narundutan, paroho kana ngadaro'a. Ari Mang Miid sabalikna, manehna supir beus, tukang ngebut tarik pisan, tepi ka panumpangna kabeh ngadaroa araringet kanu Maha Kawasa!"

64
Steven Cungahgore
Teu beda jeung bang Toyib, geus tilu kali lebaran Steven Cungahgore teu mulang mulang kalemburna, di Bojong kenyot. Cenah, lain teu hayang nurutan jiga batur anu mulang saban lebaran atawa saban bulan, kalan kalan aya nu saban minggu sagala, ngan manehna geus wakca mun can sukses moal waka balik.
Urang Bojongkenyot mah geus paraham lamun balik ti panyabaan geus mawa mobil weuteuh atawa ngiringkeun pamajikan satilu tilu, geus dianggap jalma sukses. Biasana waktu lebaran nembongkeun kasuksesanana teh. Balukarna sapoe ka lebaran di Bojongkenyot jadi heurin ku kandaraan, sapaparat jalan diunggal buruan pinuh ku mobil weuteuh, malahan gigireun paranje ge beak kuparkir. Kitu deui jadi heurin ku nu barahenol,unggal waktu aya we nu balawiri, meureun nu eta ge daratang tikota bawa urang Bojongkenyot anu geus sukses.
Geus cunduk kana waktuna lebaran taun ieu Steven Cungahgore nohonan jangjina, balik kalembur kalayan ngaringkid honda jazz kelir beureum moronyoy pikabitaeun. Beja nu sumebar, cenah Steven Cungahgore kiwari geus jadi jalma sukses alatan jadi kolektor dompet antik, padahal nu saenyana dompet nu sakitu ngaleunyana lain hasil tina usaha nu sawajarna, tapi hasil tina 3C, Cupat Copet Capit, kitu deui mobil nu dibawana ngan ukur mobil rentalan. Pamikirna daripada kapahung saumur umur teu bisa balik dipangumbaraan, leuwih hade gudar gedor,najan tekor tapi sohor. Panampilanana ge beda pisan jeung Steven Cungahgore tilu taun katukang basa manehna nek indit kakota, ayeuna mah awakna ge pinuh kutato kayaning gambar keuyeup, kalajengking, hurang, sendal capit jeung gegep, diluyukeun jeung hobina, cupat capit.
Harita pas poe lebaran pisan, sabada sungkem jeung indung bapana Steven Cungahgore gura giru indit ka kuburan akina nek nadran sakalian nek komplen lantaran baheula akina kungsi mere jangjawokan pikeun mikat wanoja, ngan pas dipraktekeun ka saurang wanoja manan kapincut kalahka nyiduhan. Tilu jam lima belas menit Steven Cungahgore ngalelengkur diluhureun pajaratan akina, ngirim doa nepikeun ka luut leet kesang, nincak ka doa panutup, ngadadak pundukna aya nu noel. "Lain ieu kuburan aki maneh mah atuh, tuh nu itu!" Ceuk mang Jhoni Kober anu sapopoena purah ngagali kubur, mere nyaho. "Maenya mang, atuh lapur ngadeluk ngadoa meunang tilu jam teh kudu diulang timimiti deui, da salah sasaran!" Tembal Steven Cungahgore bari muru kuburan anu dituduhkeun ku mang Jhoni Kober, gog cingogo. "Copy pastekeun we euy doana tinu tadi meh teu cape!"Jhoni Kober mere ideu. "Aeh enyanya, ideu bagus tuh!" Tembal Steven Cungahgore serengeh.
Lir selebritis, sorena Steven Cungahgore ngayakeun open house, pangeusi lembur tumplek daratang, kaasup para wanoja anu ngadadak sing darilak hayang dipikaasih ku manehna. Wanoja nu baheula nyiduhan ge katingali aya "Dulu boleh bertingkah, tapi sekarang sudah waktunya bertekuk lutut!" Gerentes Steven Cungahgore bari neuteup anteb.
Lebaran poe kadua Steven Cungahgore ngabedahkeun balong akina. Sapopoe ngeueum dina cai tur paguley jeung leutak, pas hanjat tato gegep jeung sendal capitna luntur, anehna tato keuyeup, hurang jeung kalajengking mah teu luntur, ngan robah jadi gambar geleng dage.
Sanggeus lima poe dilembur, poe kagenepna Steven Cungahgore balik deui pangumbaraanana, pas nepi, teu langsung kapondokna tapi langsung ka terminal, maksudna nek menta dihampura sugan we cenah panggih jeung jalma jalma anu kungsi dicopet ku manehna baheula. Hayang alih propesi Steven Cungahgore teh, ngan nek investasi di pasar modal kaburu krisis global, nek jualan,cenah ceuk ahli weweton teu cocog, nek jadi kuroptor naon nu dikorupsina, nya kapaksa ngagugulung deui propesi heubeul, sakalian nyalurkeun hobina nyaeta 3C, Cupat Copet Capit. Hasilna cenah jeung modal kawin, meh unggal poe bisa 3C oge, Culak Colok Celengok! Beu!
*****syam ridwan*****

65
Dongéng Si Jay
“Jay !"
"Tos timana?"
"Saha ?"
"Nya maneh atuh ih !"
"Owh, uing ?"
"Enya.."
"Ti lembur.."
"Paingan diteangan teh teu panggih-panggih. Aya naon ka lembur..?"
"Ah, hayang ngalongok lembur we. Hayang panggih jeung kolot,
hayang panggih jeung dulur."
"Usum naon diditu ?"
"Sarua we, usum hujan…"
"Lain, maksud teh pepelakan keur meujeuhna kumaha ?"
"Pepelakan naon ? apan loba pepelakan di lembur teh…"
"Ih ieu mah. Pare ! keur kumaha pare ayeuna ?"
"Pare ?"
"Enya.."
"Pare mah nya keur caricing we disawah.."
"Nya heueuh atuh, maenya lulumpatan. Angger teu baleg nyarita teh"
"Tuluy kudu kumaha atuh ?"
"Ah teuing !"
"Lain, pajarkeun maneh neangan uing ?"
"Enya !"
"Aya perlu ?"
"Nya heueuh atuh, mun teu perlu-perlu teuing mah embung panggih
Jeung maneh teh"
"Naha kitu ?"
"Matak TBC ngobrol jeung maneh mah atuda.."
"Enya, aya perlu naon ?"
"Uing nginjeum duit.."
"Haaar…lain bulan ngora ayeuna teh ?"
"Geus lah tong loba catur. Uing keur perlu yeuh"
"Lain, maenya tanggal sakieu can gajihan ?"
"Uing geus teu digawe !"
"Naha ? Geus teu perlu duit kituh ?"
"Puguh di PHK !"
"Tuluy ?"
"Nya nganggur ! teu boga duit, matakna rek nginjeum ka maneh !"
"Atuh neangan deui gawe mah.."
"Hese, euweuh lowongan !"
"Ih ari maneh, tuh dina koran lowongan gawe pabalatak. Eta teh dina
hiji Koran. Sedengkeun Koran nu medal teh apanan aya puluhna. Mun
diitung, mun daek nempoan, loba pisan apanan lowongan gawe teh.."
"Enggeus Jay, geus ngalamar kaditu kadieu, ngirim lamaran mah kaditu
kadieu, duit pesangon ge beak dipake ongkos ngalamar jeung motokopi
bae.
Ditarima henteu. Cape na wungkul, kapok !"
"Maenya ku kitu bae nyerah…"
"Lain sakali kitu teh Jay, matak kapok oge."
"Nya mun gawe teu hasil, nya nyobaan usaha atuh, dagang boh naon"
"Ah, uing mah euweuh bakat dagang.."
"Nya cobaan heula atuh, can ge dicobaan geus nyerah tiheula.
Saruana teu ngahargaan kana diri sorangan maneh mah!"
"Lain kitu Jay, apanan dagang ge perlu modal"
"Enya atuh, sagala ge kudu dimodalan. Tapi pan loba modalna mah."
"Enak wae siah nyarita teh…"
"Naha ?"
"Yeuh mun hayang nyaho, dagang baso bae modalna jutaan !"
"Ah, ceuk saha ?"
"Nya tukang baso atuh ! maenya ceuk tukang cendol !"
"Nya mun kitu mah dagang cendol we !"
"Sarua, dagang cendol ge jutaan !"
"Ah maenya ?"
"Enya !"
"Ceuk saha ? Ceuk tukang cendol ?"
"Nya heueuh atuh !"
"Tapi pan modal dagang cendol mah moal gede teuing cara tukang baso
meureun.."
"Enya, tapi angger bae perlu modal.."
"Emangna sabaraha modalna ?"
"Yeuh, mun dagang cendol bae, nyieun gorobagna bae bisa kana sajuta.
Can meuli toples, gelas, sendok, ember, serutan es, can bahan-bahan
jeung sagala rupa. Kana sajuta satengah mah meureun matak beak. Mun
keur usum halodo mending bisa payu.
Coba mun usum hujan, meureun bangkrut!"
"Nya mun kitu mah dagang baso we atuh ! Apan baso mah teu halodo teu
usum hujan, pasti payu !"
"Enya, tapi apan perlu modaaaaaaal"
"Tuluy kumaha ?"
"Nya teuing, uing ge keur lieur.."
"Cobaan atuh neangan gawe deui"
"Enya hayangna mah kitu. Gawe naon nya, nu gawena ngeunah tuluyna
meunang duitna gampang.."
"Uing apal…"
"Maneh apal Jay ?"
"Enya, apal. Gawena ngeunah, duitna loba tur gampang.."
"Naon ?"
"Nyaan hayang nyaho ?"
"Enya !"
"Nyaan ?"
"Enyaaaa !"
"Hayang apal ?"
"Enya ih ! bejaan uing !"
"Jadi Gigolo !"
"Gigolo ? Belegug siah ! Teu sudi aing mun kudu jadi Gigolo mah !"
"Naha ? Apan gawena ngeunah, duitna gede.."
"Teu ! Embung aing kudu ngajual diri mah !"
"Nyaan embung ?"
"Embung ! najan kieu-kieu ge uing mah boga prinsip !"
"Apan, maneh boga rupa rada kasep, awak tegep, tinggal dibajuan nu
rada hade ge, Payu geura !"
"Embung ! cik atuh mere bongbolongan teh nu rada bener.."
"Nya kieu we atuh, mun maneh embung jadi Gigolo, uing aya penawaran
sejen.."
"Naon ?"
"Nyaan hayang nyaho ?"
"Heueuh, asal tong jadi gigolo we..!"
"Sarua ieu ge, gawena ngeunah, jaba teu cape teuing, asal daek, bisa
hasil"
"Enya naon ?"
"Ah, ke maneh nolak deui !"
"Moal !"
"Nyaan ?"
"Nyaan ! Pagawean naon ?"
"MLM …."
"MLM ?"
"Enya.."
"Daripada MLM mah mendingan jadi Gigolo !"
"Tuh nya !"
"Nya heueuh atuh !"
"Ari maneh apal kitu MLM teh naon ?"
"Apal, Multi Lepel Marketing lin ? Bisnis Ngimpi ! Lila-lila bisa
stress kudu ngajalanan MLM mah"
"Ceuk saha?"
"Nya ceuk uing atuh !"
"Naha geuning boga pandangan kitu ?"
"Yeuh, tatangga uing ge nu mariluan MLM aya nu bangkrut, aya nu
pepegatan, aya nu gelo, aya nu Setruk sagala rupa !"
"Trus ?"
"Euweuh terusanana !"
"Dul, soal bangkrut, soal pepegatan, setruk nepi ka gelo mah, lain
bae alatan miluan MLM. Pengusaha bae loba nu bangkrut. Dipengadilan
Agama tiap poe loba nu pepegatan, padahal maranehna teu mariluan
MLM. Kang Duloh sugan miluan MLM ? Pan henteu ! tapi geuning
katarajang setruk. Dijalan ge loba nu gelo, tapi uing mah
yakin maranehna teu mariluan MLM samemehna"
"Enya, ceuk maneh soteh !"
"Euh ieu mah, nanaon teh tempo heula. Ulah langsung boga pikiran
goreng kana sagala rupa teh."
"Lain, apan geus loba contona.."
"Tah kasus maneh ieu ge contona, keur jongjon digawe ujug-ujug di
PHK. Riweuh. Padahal meureun samemehna, yen gawe jeung batur the
pilihan anu pang-alusna. Rek usaha euweuh modal, usaha nu tanpa
modal kalah ka embung. Kumaha atuh ?"
"Nya teuing, matakna uing lieur oge.."
"Dul, maneh sok nempo uing indit gawe isuk-isuk ?"
"Henteu…"
"Mun jajan sok ngahutang tara di warung Ceu Mimin ?"
"Henteu .."
"Katempo aya beungeut susah ?"
"Henteu.."
"Apal uing gawe naon ?"
"Henteu.."
"Cik, kira-kira gawe naon uing ?"
"Hmmm… ceuk uing mah,… tapi hampura we satacana. Ceuk uing ieu mah,
jigana maneh jadi Gigolo nya ?"
"Hi hi.."
"Bener heueuh ?"
"Apal timana ?"
"Teu apal kumaha, indit gawe tara, kakapeungan wungkul.
Mun indit ge katempo ginding, tapi Jigana duit aya bae."
"Enak bae siah !"
"Enya lah ! ngaku we ! Bener lin ?"
"Teu !"
"Trus?"
"Uing miluan MLM !"
"Ah, nu bener ?"
"Nya heueuh ! Uing miluan MLM. Hirup uing anteng-anteng wae.
Teu kudu hudang isuk-isuk, kesangan ngudag-ngudag beus atawa
pasesedek dina kareta. Teu kudu dicarekan ku Bos, Teu kudu
ngalembur, Teu kudu stress kulantaran ditolak lamaran gawe atawa
teu kudu mikiran modal keur meuli gorabag"
"Ah nyindir uing maneh mah !"
"Eh, saha nu nyindir ?"
"Puguh maneh !"
"Naha bet kasindir ? uing mah ngomong teh kanyataan"
"Geuning bisa ?"
"Nya bisa we, asal ngajalanana ku cara bener. Nu asup akal.
Sabab MLM ge rupa-rupa, tapi carana loba nu teu bener, nu ahirna
timbul masalah keur dirina. Loba pausahaan MLM nu ngajalankeun ku
cara nu bener, loba contona, loba oge nu hirupna sukses."
"Tapi geuning bejana jiga kitu, nepi ka loba nu bebeakan.."
"Lain bebeakan bae, malah nepi ka beak nyaanan"
"Enya, maksud uing ge kitu !"
"Sababaraha pausahaan memang make sistim nu ngarugikeun, tungtungna
sakabeh bisnis MLM teh di cap goreng…"
"Owh …"
"Ceuk paribasa mah, karena nila setitik, rusak susu sebelahnya.."
"Sebelanga ! lain sebelahnya !"
"Owh geus diganti ?"
"Da tibaheula ge kitu ih !"
"Ke heula, ari sebelanga teh sakumaha ?"
"Teuing.. nya kira-kira sagede baskom lah. Naha kitu ?"
"Uing mah mikiran … mun aya susu sebelanga.."
"Naha ?"
"Sagede kumaha kutangna nya ?"
"Bedul siah, Jorang !"
"hi..hi.."

-Jay-


66
Nu Maneh Geus Kapanggih Acan
Ganjar Kurnia
Sigana mah ieu dongeng teh dimimitian dina mangsa jaman Nabi Enoh. Kacaturkeun alam dunya ngalaman banjir anu kacida badagna. Kukituna kabeh mahluk hirup kaabus sasatoan, diangkut-ditaekeun kana kapal (bahtera). Kusabab banjir teu bisa diteguh piirahaeun bakal ngurangan, aya kahariwang lamun dina kapal teh para panumpang baroga anak. Tangtuna kapal bakal katambahan penumpang, anu antukna bisa tilelep. Kukituna dijieun hiji kaputusan yen pikeun kasalametan, sakabeh "alat kelamin" kudu diteukteuk terus dikumpulkeun. Dina mangsana saat, kaum lalaki mah kaabus saatoanana anu pangheulana diteangan teh "gagaduhanana" tea. Kusabab leutik, bobogaan sireum mah sigana kacecer jeung katincakan. Cenah mah nepi kaleungitna pisan. Kusabab kitu, nepi ka ayeuna pisan lamun sireum patepung jeung sireum sok siga sasalaman, padahal mah silih harewos :"nu maneh geus kapanggih acan ……"

Paribasa Inggeris Vérsi Sunda
Just Be Yourself ("Seureudkeun diri sorangan kana nyiruan") Jadi diri sorangan, mun ngarasa goreng patut kudu syukur, lantaran mun hade rupa bisi loba dosa hehehe ....
The Right Man In The Wrong Place ("Jelema nu lebah katuhu, salah tempat.. kuduna cicing dikenca") kasep/geulis jeung goreng patut eta gumantung kana lingkungan, misalna aranjeun didieu panggorengna, tapi bisa jadi di aprika mah pangkasepna/ panggeulisna, matakna geura pindah ka ditu.
Dont Judge The Book By The Cover ("Montong ngahukum buku make koper" ) Ulah pegat harepan, teu kabeh jalma nempo tina pisikna, saha nu nyaho tina imahna, mobilna, pagaweanana, atau tabunganana
Like Father Like Son( "Suka ka bapana, suka oge ka anakna" ) Tong nyalahkaeun sorangan mun goreng patut, salahkeun kolot wae sabab goreng patutmah da turunan.... bener pan?
The Beauty Is Under The Skin ( "Jadi geulis mun geus ganti kulit" ) Omean inner beauty aranjeun, eta mun ngarasa sisi luar geus ancur teu katulungan deui....
No Gain Without Pain ("moal meunang duit mun teu nyeri heula...jiga kuda lumping" ) tong nyeri hate mun dipoyokan goreng patut, cuek wae lah, inget film Beauty and The Beast pan?)
The Truth Is Out There ("Nu ngajawab bener, meunang kaluar") Inget basa keur SD euy... ehhehehe.... .
Love Is Blind ("Micinta nu lolong") Cinta mah teu nempo kasep atawa goreng, teu percaya? tanyakeun wae ka jalma goreng patut. Memang kasep/geulis mah relatip...tapi mun goreng patut mah MUTLAK
punten bilih aya anu kasinggung,ieu mah mung heureuy we.... nuhun nu tos maos paribasa nu ngacapruk ieu.... hidup goreng patut...!!!

Musuh Pancasila
Dina hiji mangsa Presiden Suharto biantara di payuneun sidang paripurna DPR. Saparantos 15 menit pidato, ajudan anu tatih di gigireunana ngawartosan :"sing atos-atos Bapa aya anu bade nembak...... ......... ". Diwartosan kitu teh, juragan Presiden mah tenang-tenang wae bari neraskeun pidatona. Heuleut ti eta, sang ajudan ngemutan deui :"Pa awas bade aya anu nembak ......". Nguping kitu presiden langsung marentah :"tewak, anggota dewan anu diuk dina barisan ka genep bangku ka dalapan..... ..". Saparantos acara bubaran, sang ajudan naros ka Presiden :"kumaha bapa tiasa uninga yen anu bade nembak teh jalmi eta". Kalawan tenang, presiden ngawalaer :" Musuh Pancasila teu pernah sare ............ ......... ....."


Eupan Déwék

Aya bapak-bapak tiluan tukang mancing hungkul, keur paagul-agul eupan. Nu hiji ngomong, "nu alus mah eupan dewek, sakali nganclomkeun geus giriwil, meunang lauk".
Nu kadua teu eleh agul, "nya alusan eupan dewek, dewek keur ngageleng-ngageleng eupan, pecenghul lauk tina balong sabari ngomong,
"buru atuh! aing hayang buru-buru nyantok yeuh".
Nu katilu teu eleh ngomong, "nu alus mah eupan aing, minggu rek nguseup, sabtu lauk datang ka imah, "pak, enjing ngusep moal?"
Kang Ibing

Lilin dina Gelas
Hiji murid nu kawentar bangor di kelas fisika nanya ka guruna
Murid : Pak, sim kuring gaduh patarosan
Guru : Naon?
Murid : Hiji lilin nu hurung ditutup gelas, lilin eta
pareum. Nu kitu teh nunjukeun naon?"
Guru : Teu aya hawa dina geulas
Murud : Salah, Pa.
Guru : Naon atuh?
Murid : Ngabuktikeun yen urang kirang padamelan
(Mang Jamal)

Dibungkus
Di toko bahan bangunan
Asep : Cik punten meser paku sakilo
Pelayan : dibungkus?
Asep : Henteu, bade dituang di dieu (c euk Asep
keuheul)
Pelayan : &^%*#$
(Mang Jamal)


Mabok di Tengah Jalan
Hiji pemuda keur naek motor bari ngebut sataker kebek. Keur kitu, motorna ujug-ujug direm
ngadadak bisi nabrak hiji pemuda nu keur mabok di tengah jalan.
"Dasar tolol! Mun mabok ulah di jalan atuh....!" ceuk nu tadi ngebut kesel jeung keuheul.
"Maneh nu tolol mah,"bales nu mabok. "Sakitu ngebut, nabrak teu keuna...."
(Mang Jamal)

Di Warung Kopi
Adun : "mang kopi susu hiji!"
Emod : "make es teu?"
Adun : "nya make atuh, teu make mah jadi kopi uu"
(Mang Hasan)

Kudu aya S-an
Heuheu... jadi inget nalika kuring ngasistenan praktikum di kampus. Sakumaha biasa ari prek praktikum teh sok aya kuis heula, kabeneran kuring nu nyieun soalna.
"Gambarkeun struktur asam amino glisin!" ceuk uing teh.
"Mangkahade, glisin teh salasahiji asam amino nu ngandung S!" ceuk uing deui nalika keur ngawaskeun nu migawe kuis.
Barudak arolohok sakedapan, tapi saterusna mah pating elengeh.
"Nya heueuh atuh!" ceuk praktikan nu urang Sunda teh.
Da memang najan glisin teu boga unsur "S" (sulfur, walirang) na wangunan molekulna, ari nulis glisinna mah tetep bae kudu aya "s"-an.
(Kang Kandar)

22M
Dua murid, Ade jeung Aa keur milu piknik ka museum. Manggihan mumi di hiji kaca. Handapeunana aya tulisan 225M.
Ade : " 22M eta maksudna naonnya?"
Aa : " Sigana nomer mobil nu nabrakna baheula...."
(Mang Jamal)

Kadaharan Paling Haram
Ali : "Kadaharan naon nu haram?"
Adun : "Babi..!"
Ali : "Nu leuwih haram deui?"
Adun : "Babi nu ngandung babi deui."
Ali : " Nu pangharamna?"
Adun embung eleh : " Babi nu ngandung babi teu boga bapa, siah...!"
(Mang Jamal)

Laknat
adun: "pagawean naon anu dilaknat ku Allah?"
danu: "ngarogahala!"
adun: "ari nu dilaknat ku Allah oge disatru ku setan?"
danu: "ngarogahala anak setan!"
(Mang Hasan)

Smary Saklitinov
Di hiji kelas, bu guru anyar keur ngabsen muridmuridna.
Bu guru katarik ku hiji ngaran, panasaran, nya dicalukan di murid nu boga ngaran aneh eta.
Guru : "Smary Saklitnov, cik kadieu!"
Murid : "Ya, bu, abdi"
Guru : "Kadieu, maneh turunan Yugoslavia, nya?"
Murid : "Sanes, bu!"
Guru : "Eropoa Wetan? Polandia?"
Murid :"Sanes..."
Guru : "Naha atuh ea ngaran maneh Smary Saklitnove?
Murid : " Ooh..eta. Smary teh singketan ti nami bapa (S)urtono sareng ibu (Mary)anti."
Guru : "Mmmm...ari Saklitnov?"
Murid : "Sabtu Kliwon Tujuh November."
(Mang Jamal)

Do...
Sarua ieu oge di hiji kelas, guru anyar nyalukan hiji murid anu ngaranna "Dojang"
Ibu Guru :" Jang, cik kadieu, antik euy ngaran teh, bener Dojang?"
Dojang :" Sumuhun Bu, da abdi mah katurunan nami antik"
Ibu Guru :" Kutan, saha kitu ngaranna bapa maneh teh, Dojang?"
Dojang :" Dosep, Bu"
Ibu Guru :" Ari indung maneh saha?"
Dojang :" Doneng, Bu
Ibu Guru :" Lanceuk-lanceuk?"
Dojang :" Dosih sareng Domar, istri sadayana Bu"
Ibu Guru :" Euh, sugan aki-nini maneh mah Doki jeung Doni, nya Dojang?"
Dojang : " Sanesn Bu, teu kenging kitu, dolim namina, saur sepuh oge dolim mah dosa".
(manAR - Kang Oman)

Cara Nyait tina Balai Sorangan
Hiji pamuda ker anteng ngadingdiut dina motor sapanjang jalan lempeng sisi sawah, ngadadak pasarandog jeung jeung kandaraan sejen. Kusabab rada malaweung, atuh motorna ngalanggeong, teu lila brus tigebrus kana sawah. Motorna tilelep dina leutak sawah anu karek beunang macul nepi kana lebah cangkeng manehna.
Si Pamuda luak-lieuk teu manggihan sasaha. Arek ngarawel tatangkalan sisi sawah keur pamuntangan jeung panyentokan, boro-boro tatangkalan, jukut peang oge teu satangkal-satangkal acan.
Gogorowokan ka ditu ka dieu menta tulung, weleh taya anu nembalan da puguh tengah jalan haraharaeun, jauh ka pilemburan (sanes filemburan ieu mah, komo film buruan... mah). Kusabab geus burit jeung kudu buru-buru tepi ka nu dijugjug, manehna terus neangan akal supaya bisa nguniang ti sawah.
Sukur-sukur jeung motorna, dina heunteuna oge atuh awak sakujur mah kudu buru-buru kaluar tina leutak anu sakitu belokna.
Kulantaran teu weleh neangan akal jeung ngentrukeun sagala rupa pangaweruh anu kungsi kabaca atawa katarima, nya manehna inget kana hiji papagon ("resep") nyait balai sorangan, khususna kajadian (kasus) tilelep dina taneuh belok. Prak bae dicobaan, kieu carana teh: "Motor didempet ku dua pingping pageuh kacida, awak diheuraskeun, tuluy bae gegerenyeman ngadu'a jeung nguatkeun tekad.
Teu katinggaleun koncina eta papagon: leungeun luhureun sirah, bari ramo ngajenggut buuk ditarik ka beulah luhur". Nya ku tekad anu kuat mah teu kaur molonyon oge, awak manehna katut motorna katarik, bisa kaangkat tina leutak. Teu percanten nya, baraya? namina oge rahul. Kade ulah dicobian "resep"-na.
(manAR - Kang Oman)

Dina rangka pupujieun
Dina rangka pupujieun, Adun jeung babaturanana milu pelatihan teuing di ITB. Caritana hiji sobat Adun meuli gantungan konci nu make Logo ITB, terus pamer ka Adun
Ibro (sobat Adun) : Dun, tempo yeuh urang meuli ieu. (bari ningalikeun gantungan konci).
Adun: Jang Naon Bro ?
Ibro : Jang anak sayah. Jadi lamun anak sayah nanya, ku urang dijawab "Papa baru pulang sekolah di ITB" (kata Iqbal dengan penuh Wibawa & Kebanggan).
Adun : Lamun anak maneh nanya "pah ITB teh apa ?"
Ibro : Institut Teknologi Bandung.
Adun : Lamun anak manek nanya "Kalo Institut Apa ?"
Ibro: Institut......nya institut....!. Ari ceuk maneh naon..? (Iqbal balik nanya bari ngetest)
Adun : Piraku poho? pan aya laguna..
Ibro: Kumahaaaa .....?( panasaran)
Adun : Institut Daun Sampeu, saha nu hitut eta nu ngambeu.
Ibro : Gelo sia mah, kakolot teh. (bari indit)
Adun : Bae ahh..
(Mang Jamal)


Setruk

Saprak aya iklan cai enteh anu dibotolan berhadiah kujalan ngumpulkeun setrukna. Anu jajan, boh direstoran atawa diwarung sok tara poho nanyakeun setrukna. Malahan jang Ibro waktu keur apel disuguhan cai enteh ku bebenena, manehna ngaharewos.
" Yang....kade hilap setrukna !" padahal cai enteh anu disuguhan teh lain anu dibotolan, tapi ngadadak naheur dina hawu.
Kocapkeun dihiji restoran, dihareupeun kasir ngagimbung anu nek mayar kadaharan kumplit jeung inuman cai enteh nu dibotolan tea, keur ngagimbung kitu, aya salah saurang jalma nu teu sabar hayang geura meunang setrukna, tur langsung ngagorowok kakasir.
" Gewat euy setrukna, dewek butuh pisan !" Pokna rada teugeug
" Sabar atuh kang !" tembal kasir bari baeud.
Sanggeus meunang setruk mah sijalma teh, langsung we ngabecir kaluar, atuh puguh we si kasir nyalukan.
" Kang ieu katuanganana diculkeun wae !"
" Mangga we kanggo eneng, abdi mah butuh setrukna wae !"
" Jadi ujang teh butuh setruk kitu ?" ceuk hiji jalma tengah tuwuh,anu kakara asup tur leungeunna semu ngoroncod sarta mamake iteuk.
" Eh..muhun pa...abdi butuh pisan...naha bapa kagungan kitu ?"
" Puguh bapa teh tos lima taun gaduh setruk, mangga upami peryogi mah ku bapa bade dipasihan..bapa mah tos bosen ngubaran !" (SR)
(Kang Syam Ridwan)

Bau jengkol
Dasar milik, Karsih meunang undian anu hadiahna pelesir ka Uruguay kalayan garatis tur dibere bekel sacukupna. Nepi ka Uruguay, dihiji terminal Karsih gura giru asup kahiji wc umum, sigana geus teu tahan hayang sacer cereun kiih. Lima belas menit tilu puluh detik Karsih dijero wc, pas kaluar kasampak dihareupeun wc geus ngantri anu nek asup. Panghareupna saurang nini nini anu paromana semu pucet lantaran lila teuing nahan.
Pas ningali panto wc muka gura giru sinini asup, tapi aneh teu kungsi lila sinini balik deui bari noel ka Karsih pok nanya.
" Nyi...nyi urang sunda nya ?" ceuk sinini bari melong anteb.
" Mu..mu..muhun!" tembal Karsih asa asa, dijero hatena mah ngarasa reueus..
" Heueuh ari ka wanoja sunda mah moal kapalingan najan dialakpaul ge tetep we arapaleun lantaran aya ciri hasna gareulis tur aramucuy rupana !" Gerentes Karsih,bari uman imen gumeulis dihareupeun sinini.
" Nini geuning apal yen abdi urang sunda, pasti katawis tina raray abdi nya ?"
" Lain euy, tapi katara tina urut wc-na bau jen gkol !"
(Kang Syam Ridwan)

Raja Copet
Disalahsahiji kios dompet, saurang pamuda anu leungeuna pinuh ku tato keur anteng cinekul milihan dompet.
" Mangga kang...ieu kaluaran enggal asli tina kulit dinosaurus, tah pami nu ieu tina kulit godzila !" ceuk tukang dompet.
" Aya model sejen ?"
" Sadayana ge sami kang...model anti copet..ngan nu benten teh rantena panginten...aya nu saageung rante anjing, tah upami hoyong saageung rante kapal kedah pesen heula !"
" Jadi sia nu ngabangkrutkeun pakasaban aing teh !" ceuk eta pamuda ujug ujug nyeuneu.
" Maksad akang ?"
" Paingan kabeh jalma, make dompet anti copet da tisialing nya ?"
" Sae atuh kang, meh aman !"
" Sae sae tai pedut...buktina panghasilan dewek ngurangan !"
" Jadi akang ge tukang dompet oge kitu ?"
"Lain !"
" Naha geuning bet nyalahkeun ka abdi, nya pakasaban akang teh naon kitu ?"
" Mun teu nyaho mah dewek teh raja copet..deuleu !"
(Kang Syam Ridwan)

Emergency
Pamajikan Silobahutang ngaluarkeun baju-baju kotor tina koper nu maksudna rék diseuseuh.
Pamajikanana : “ Kau sébulan tugas di Australia ta’ bawa oléh-oléh sama sékali ! “
Silobahutang : “ Ah kau. Kau tau séndiri lah di sana harga-harga mahal, dan allowance trip
dari AA Dept sangat kécil sékali ! “
Pamajikanana neruskeun kakaratak kana eusi koperna , nimu kondom anyar.
Pamajikanana : “ Héy, apa ini ? “, sigana pamajikanana can nyahoeun barang siga kitu.
Silobahutang : “ Ah, kau baca saja lah ! “, Silobahutang reuwas sieun kanyahoan, tapi untungna manéhna keur di Austarlia pangangguran nulis dina bungkus kondom nu unina “ Break the seal incase of emmergency”.
Pamajikanana : “ Oh, rupanya pémadam kébakaran modél kécil ya ! “


1 komentar:

Anisa "baya" Nurbayani said...

wah ,, blog baru ,, hehe ..
sae a yan2 ,, pinuhan ku tatarucingan ,, kanggo referensi ,, hehe

Post a Comment