RSS

Sura Seuri Siga Sero


Kawin
Ti kamar rumah sakit, hiji pameget nyalukan istrina, teras wasiat, “Mun kuring maot, anjeun kudu kawin ka Kang Syams Ridwan!”
“Haar ... Apan Kang Ridwan téh musuh gerot anjeun?”
“Enya, kuring ngalaman sangsara kanyenyerian sakitu taun, sugan wé manéhna ogé ka alaman!”
(Mang Jamal)

Cingcin Kawin
Di hiji pésta, hiji istri naroskeun ka istri sanés, “Téh naha anjeun masang cingcin kawin di ramo nu salah?”
“Dihaja puguh, tétéh téh nikah jeung pameget nu salah!”
(Mang Jamal)

Tukang Selingkuh
“Anjeun jiga nu keur katunggara? Aya naon?”
“Enya ieu téh. Kuring rék jadi Bapa yeuh!”
“Naha beut jiga lieur kitu?”
“Soalna pamajikan kuring can apaleun!”
(Mang Jamal)

Tatangga
Hiji istri ngagosip di kantorna, “Tatangga simkuring mah, resep pisan ngagogoréng carogéna. Istri nu teu soléh éta mah. Abdi mah, sakitu ogé lanceuk ogoan, males, kumaki, belegug, abdi mah tara nyarioskeun pun lanceuk!”
(Mang Jamal)

Naék Gajih
Hiji mangsa Kang Hasan ngahadep ka atasana, maksud rék ménta naék gajih, tuluy ku si bos ngadon dojawab kieu:
“Naha ieu téh teu salah dadanguan, maké hayang kenaékan gajih sagala. Coba impleng ku manéh Hasan, ari sataun pan aya 365 poé, tiap poé gawé mung 8 jam berarti sapertiluna lin? Jadi lamun diitung sataun téh mung aya 122 poé kerja, tuluy kantor tutup poé minggu, berarti dikurangi 52 poé, kari 70 poé. Ditambah hak cuti meunang 2 minggu atawa 14 poé, jadi 70 dikurangi 14, tinggal 56 poé. Tambahan ogé paling saeutik sataun aya 4 poé libur nasional, tinggal 52 poé. Antukna pan Saptu téh di dieu mah libur, dikkurangi deui 52 poé. Tuh pan mung diitun-itung mah teu gawé!
Naha manéh beut hayang naék gajih sagala?”
Kang Hasan bati olohok siga kembang kadu bari jamotrot kawas kembang jahé. Ari Mang Jamal ngadon mencenges kawas kembang céngék.
(Taufik Hidayat)

Mun Bill Gates Maot
Kaacritakeun, dina mangsana, Bill Gates (juragan Microsoft téa) maot. Manéhna kusabab berjasa jang kasalametan jelema sina milih tempat, naha badé lebet ka naraka atawa surga. Ngan kumargi teu acan apal bédana, nya tataros ka malaikat nu jaga.
“Malaikat, ari ieu alus-alus teuing naon éta téh?” bari niningalian gambar dina naraka. Enya gambar nu gareulis, kadaharan, pamandangan éndah nu matak waas.
“Naraka!”
“Ah … ka dieu atuh kuring asup …” Cék Bill Gates bari langsung ngajleng. Tapi kakara ogé sup, geus kocéak Bill Gates ngagorowok, panas!
“Yeuh … malaikat, gening naraka téh panas kieu? Teu jiga dina pantona tadi ….”
“Oh … puguh wé da dina panto tadi mah, mung saukur Screen Saver-na.”
(Mang Jamal)

Salah Sangka
Kareta api barang nyemprung ti wétan ka kulonkeun.
Kabeneran disisi rel nu deukuet ka stasion aya tukang loték keur ngebut-ngebut elap beureum na sabab daganganana geus béak kari samarana wungkul.
Ningali di hareup aya nu ngebut-ngebut lamak beureum, masinis ngerém karéta api disangka aya bahaya. Terus nolol tina kaca jandela bari nanya ka tukang loték,
“Aya naon, Bi?”
“Teu aya nanaon, mung kantun samarana wungkul!”
(Hasan Supriadi)

Pamuda nu Boga Panyakit Insomnia jeung Limpeuran
Si Ontohod katelahna. Hiji mangsa ngobrol jeung babaturana Si Ibro.
“Bro, panyakit insomnia kuring cageur euy.”
“Kunaon sababna?”
“Kamari dina waktu Juma’ahan, khotib keur khotbah kuring ngaguher saré mani tibra. Hudang-hudang pas batur carebgkat rék sholat.”
“Nya sukur wéh atuh.
“Insomnia cageur ngan …”
“Ngan naon, Ontohod?
“Panyakit limpeuran kuring kambuh. Ari indit ka masjid téh maké sendal jepit, naha ari balik jadi maké sapatu nu alus!”
“Da kitu manéh mah, matak diaranan Ontohod ogé. Si bedul …!”

Lagu Kebangsaan India
Mr. Liem Swie King keur ngajar di sakolana. Harita pelajaran IPS.
“Cik barudak ayeuna sebutkeun lagu kebangsaana. Stevanie, lagu kebangsaan Jepang naon?”
“Kimigayo Pak,” jawabna.
“Alus, bener. Cik maneh Valentino, Malaysia naon lagu kebangsaana?”
“Malaysia mah, Negaraku Pa!”
“Hadé, awas ulah jadi warga nagara Malaysia bisi dikadék ku Bapa.”
“Naha ari Bapa?”
“Bongan ngaheureuyan waé di Ambalat. Geus ah. Ayeuna manéh Jordy, nagara India, naon?
Huleng, da si Jordy mah tara ngapalkeun.
“Hmm … éta Pa, hmmm, Kuch Kuch Hota He …!”
“Ari menéh cik atuh sing bener, ulah ngérakeun Bapa. Jessica naon jawabana?”
“India mah Térajana nya Pa!”
“Saruana manéh tara ngapalkeun, nangtung ka haerup duaan.”

Tatarucingan
“Naon anu hideung, leutik, lamun disintreuk matak asup rumah sakit?”
“Karang dina pipi Marinir.”

“Nini saha anu tigujubar ka walungan teu maot?”
“Nini na kuya.”

“Naha lauk teu hirup di darat?”
“Yee … apan sieuneun ku ucing jeung ku … manéh!”

“Enya kitu mun panggih ucing hideung tengah peuting alamat cilaka?”
“Gumantung ka salira éta mah, naha peuting éta téh keur jadi jelema atawa beurit!”

“Kumaha cara ngabédakeun kuda sébra nu jalu jeung nu bikang?”
“Gampang, cék dokter héwan mah kieu: nu jalu mah kulit aslina hideung garis-garis bodas, tah nu bikang mah, kulit aslina bodas garis-garis hideung.”

“Endog naon nu dipikasieun ku endog séjén?”
“Bedul téh, tarucing nanahaon éta? Aya kitu?”
“Aya, endog asin. Sabab manéhna pan aya tatoan!”

“Amrul, ku hujan waé mani sieun?”
“Da datangna lobaab, bisana ngan ngoroyok. Coba lamun hiji-hiji urang gé wani”

“Naon bédana ASI jeung ari mineral?”
“Teuing. Urang mah apal gé ka anu saruana.”
“Hah? Na aya nu saruana kitu?”
“Enya, sarua kaluar ti gunung!”
“Bedul, siah!”
(Mang Jamal)

Geus Cageur
Aki : “Geus dibéjakeun ka Ustad, yén Aki geus cageur?”
Incu : “Atos Ki.”
Aki : “Kumaha ngabéjakeunana?”
Incu : “Pa Ustad, tahlilanna teu janten.”

Paribasa Orowodol
Cikaracak ninggang batu,
laun-laun cikaracakna saat
Lieuk euweuh ragap teu aya
(lamun tarucing, jawabna jurig …!)


0 komentar:

Post a Comment