RSS

Bobodoran




Si Aceng Jeung Si Udin
Hiji mangsa, jaman baheula keur can aya listrik. Lampu oge mung maké cempor. Lampu sisi jalancan aya. Paroék mongkléng ari wayah Isya téh.
(hiji pamuda lempang ka beulah kidulkeun, tur pamuda hiji deui leumpang ka kalérkeun. Ari dua-duana papada sieun da poék téa teu katingali beungeut-beungeut acan)
Pamuda Hiji “Éeeh Din rék kamana yeuh, peuting kieu?”
Pamuda Dua : “Ieu Céng, rék ka warung Pa Usép.”
Pamuda Hiji : “Yéé, naha, da urang mah lain Acéng.”
Pamuda Dua : “Ah, paduli da urang ogé lai Udin.”


Alah Siah, Étana Si Abah Heuras!
Hiji mangsa Si Kabayan keur ngumbara ka Kota Medan. Peuting éta téh Si Kabayan rék nghadiran arisan (acara gosip) nu diayakeun ku PWS Medan. Kusabab can apal jalan di Médan Si Kabayan nyasab, kalah asup ka gedong nu keur ngayakeun acara adat Batak. Ari nu boga hajat ngaranna Situmorang.
Situmorang : (ningali Si Kabayan asup ka jero)
“HORAS BAH ..! HOORAS!”
(sueri nyakakak bari nyalaman Si Kabayan)
Kabayan : (semu bingung)
“Euleuuh ... horas, horas bah. Kenapa anunya si abah horas?”
Situmorang : “Siapa yang horas?”
Kabayan : “Iyah, tadi katanya, kenapa si abah menjadi horas? Kebanyakan irex ya?”
Situmorang : ???


Maklum Urang Kampung
Hiji kulawarga ti Kampung Pangumbahan. Nyaba ka kota, ulin ka salah sahiji mall nu aya di ja;an Gatsu Bandung. Kulawarga éta géngsi atuh da, henteu némbongkeun yén manéhna ti kampung.
Indung : “Ayo Nak ... mainnya jangan manjat-manjat gitu, nanti bisa jatoh”
(pok ka anakna nu nérékél naék cecekelan tangga)
“Sudah ayo turun Nak, ayah masih di mobil tuh, nunggunya sama bunda saja di sini. Ayo nanti jatoh”
(teu sabaraha lila budakna labuh)
“Nya ... cék aing ogé! Manéh mah teu kaop dibéjaan atuhda. Jadi labuh, da cék aing ogé naon?”
(Punten ah sanés badé ngaléléwé urang kampung, mung badé banyol wungkul)


Urang Kampung (2)
Jang Ibro ka Amerika. Pelesir ti dituna mah, da pamajikana meunang arisan ibu-ibu RT.
Bepi ka bandara JFK manéhna ditanya ku imigrasi :" Are you a Citizen???"
Jang Ibro ambek, mureleng ka petugas imigrasi bari pokna : "Dasar Satpam lieur...... This is Rolex.... Rolex Gold.... not Citizen"


Carita Urang Kampung Deui
Ari ieu mah aya hiji wanoja urang kampung na ti Cirebon. Nganjang ka pasar Kalitanjung rék balanja.
Wanoja :” Aduh, tomatnya seger-seger ya mbok? Sama kayak tomat yang ada di Amsterdam sana”
Mbok : “Njéh Non. Badhé tumbas ta?”
Wanoja : “Sekilonya berapa ini Mbok? Nanti suami saya masih di mobil yang bayar.”
Mbok : “Iki lima ribu sekilonya Non.”
(teu sadar ari ngaléngkah, si wanoja téh, dihareupna aya cai kotor campur leutak)
Wanoja : “Wuadhuuh! Mblesek tenan iki, wadhuh piyée iki. Sepatu anyarku, kotor kiyé jéh!!”
(dasar wanoja ganjen, kapanggih modalna)


Jalma Teu Ngarti (1)
Si Nyai Ontohod kakara pindah ka Cirebon. Manéhna can apal Basa Cirebon sacongo kuku acan. Isuk-isuk kénéh aya tukang sayur nu ngaliwat ka hareup imahna.
Tukang Sayur : “Sayur, sayur ...! Sayur Mbak.”
Si Nyai : “BELI ... Mas beli!”
Tukang Sayur : (teu ngomong nanaon, teu ngeureunkeun garobakna)
Si Nyai : “Mas beli ...!”
Tukang Sayur : (tetep teu eureu, kalah beuki narikan)
Si Nyai : “Mas beli ...!”
Tukang Sayur : “Yo wis, nek BLI TUKU ora sah teriak-terika ngana ta! Mangkel aku!”
Si Nyai : “Borokok sugan tukang sayur téh, kalah ngambek.”


Jalma Teu Ngarti (2)
Aya hji Treuk nu mogok palebah rek asup ka tol Palimanan. Ari horéng ban treuk éta kempes Kabeneranna téh si si supir Urang Sunda, ari si kenékna Urang Jawa.
Sukarna : “Walah, ban hareup kempés euy. Nék, pang cokotkeun ban sérep!” (ngagorowok)
Sutijo : “Atos Pa!”
(didagoan teu mucunghul waé)
Sukarna : “Nék, cepet pang cokotkeun ban sérep!” (beuki ngagorowok)
Sutijo : “Uwatos Pa!” (teu éléh tarik sorana)
Sukarna : “Manaaa??! Pang cokotkeun ban sérep!!!”
Sutijo : “Atoosss Pa!”
Antukna, isukna dina koran aya berita: “Supir dan Kenek dipenjara, karena silih baku hantam hanya gara-gara ban serep.”


Jalma Teu Ngarti (3)
Ki Jaéd : “Sok lalieur ari Urang Jawa mah.”
Ki Odang : “Lalieur kumaha?”
Ki Jaéd : “Enya, ari gedang téh pepaya lain. Di jawa mah gedang téh cau.”
Ki Odang : “Euleuh gening. Ari pepaya naon?”
Ki Jaéd : “Pepaya mah katés cenah.”
Ki Odang : “Lamun kitu, gedang jadi naon”
Ki Jaéd : “Gedang mah cau”
Ki Odang : “Cenah gedang mah pepaya”
Ki Jaéd : “Heueuh, ngan cau jadi gedang”
Ki Odang : “Kumha Ki Jaéd téh, maenya cau jadi gedang, cau mah pisang lain?”
Ki Jaéd : “Heueuh lah kumaha sia, naha jadi urang nu jadi lieur.”
Ki Odang : (nyéréngéh seuri)



Mobil, Kota, Jeung Jelema
Di warung kopi. Si Kabayan jeung Si Situmorang keur ngawangkong.
Kabayan : “Yeuh, Morang, urang aya hiji tatarucingan.”
Situmorang : “Sok lah kadie, rék tatarucingan nanahaon.”
Kabayan : “Naon bédana MOBIL, KOTA, jeung MANÉH, Situmorang?”
Situmorang : “Eleh naonnya. Bingung kuring mah, te nyaho lah.”
Kabayan :” Yeuh, lamun mobil mah (s)edan.”
Situmorang : “Terus lamun kota?”
Kabayan : “Lamun kota mah (m)edan. Tah berarti lamun mannéh, naon?”
Situmorang : “Édan kitu! Dasar manéh mah Si Borkokok !!!”


Nangkana Mas
Ieu kajadian di Cirebon kénéh. Caritana di halteu beus, aya bapa-bapa keur diuk dina korsi.
Tukang dagang : “Nangkana Mas! Nangkana.”
(ngised si bapa tadi ngagésér saeutik)
Tukang dagang : “Badé Mas? Nangkana Mas!”
(ngised deui si bapa ngagésér)
Tukang dagang : “Mas, Nangkana!”
Si Bapa : “Piye ta kamu ini? Nangkana, nangkana ... wis gésér adhoh isi nangkana, nangkana. Bocah guendheng!”
Tukang dagang : (dina jero haté) “Ah kumaha dinya! Nu gélo. Urang mung nawaran nangka umbak ambek teu éling”


Family In English

Hiji lembaga keurseus Basa Inggris keur diajar conversation.
Guru : “Ok, class. We begin English lecture today. Ok?”
Murid : “Ok, Madam.”
Guru : “Good. I want to ask a question, to you Usép Munandar!”
Usép : “Yes, Madam.”
Guru : “Tell your family in English!”
Usép : (gagaro teu ateul) “Ehmmm ... sorry Madam, but I have not family in English.”
Guru : “&*(*#&#@ ...”


It is Solution
Aya hiji turis Jepang, nganjang ka laboratorieum kimia di IKIP (UPI ayeuna mah). Si turis éta, Mr. Takadaide ngarana, mung apal Basa Inggris umum. Ditarima ku si Sujang nu apal Basa Inggris kimia.
Si Sujang : “Lets come in Sir. I’ll show you what solution we have.”
Mr. Takadaide : “Oh, good. I need so much solution, because i have so much problem.”
Si Sujang : “What kind of solution, problem is?
Mr. Takadaide : “Up to you. I just want to solution for my problem.”
Si Sujang : “Oooh very interesting. I think problem is strong acid, like sulphic acid, Sir!”
Mr. Takadaide : ???



Sayah Kokom
Konperensi Asia Afrika, bihari taun 1955. Pesertana ditempatkeun di hiji hotel. Ari kamar délégasi ti Indonésia (ti Sunda kabeneran) jeung ti Inggeris paharep-hareup. Hiji poé duanana paamprok.
Lenox Lewis : “Good morning!”
Ceu Kokom : (disangkana ngenalkeun ngarana) “Oooh ... Sayah Kokom!”
Léos wéh, masing-masing ngurus urusana. Isukna kitu ogé paamprok deui di lawang panto kamar.
Lenox Lewis : “Good morning!”
Ceu Kokom : “Euuh ... Sayah Kokom, Kokom Komariah.”
Naha beut dua kali nyebatkeun ngarannna, pikir Ceu Kokom, delegasi ti Indonésia téa. Ah, lamun kitu mah lain nyebatkeun ngaran. Isukan urang piheulaan wéh, dina jero haténa.
Ceu Kokom : “Good morning, mister!”
Lenox Lewis : “Aaaah ... Sayah Kokom, Kokom Komariah.”
Ceu Kokom : ??? (lieur geuning)


Saya Sendiri
Mangsa kiwari, jaman Pa Harto presidénna, diayakeun KTT ASEAN di Singapur. Sési kahiji réngsé, diselingan ku coffee break.
Nguplek di beulah katuhu rohangan ngawangkong Pa Harto jeung Mahatir.
Mahatir : “Pak, saya punya tebakan. Siapa putra Bapak saya selain adik dan kakak saya?”
Pak Harto : “Wah, bingung saya. Gak bisa jawab.”
Mahatir : “Bagaimana Anda ini. Ya sudah jawabannya, ya ... saya sendiri.”
Éta oleh-oleh KTT ti Singapur. Ku Pa Harto jadi bahan tatarucingan ka Pa Harmoko. Manéhna digeroan ka rohangan Pa Harto.
Pa Harto : “Sya punya tebakan. Siapa putra bapak saya, selain kakak dan adik saya?”
Pa Harmoko : ”Duh, pertanyaannya kok sulit pak.”
Pa Harto : “Ya sudah, besok kesini lagi sudah ada jawabannya.”
Léos weh Pa Harmoko kaluar, bungung mikiran jawabanna. Ras inget ka Pa Habibi nu katelah pangpinterna sa-Asia Tenggara. Ku Pa Harmoko ditanyakeun tatarucingan éta. Da atuh Pa Habibi mah pinter, kajawab pertanyaan nu gampang éta téh.
Isukana Pa Harmoko ngahadep deui ka Pa Harto mawa jawaban nu kamari ditanyakeun.
Pa Harto : “Sudah ada jawabannya Pak?”
Pa Harmoko : “Sudah Pak, berkat petunjuk Bapa sendiri.”
Pa Harto : “Bagus, apa jawabannya?”
Pa Harmoko : “Jawabannya Pa Habibi!”
Pa Harto : “Woo, ngawur. Yang betul itu ya ... Pa Mahatir! Gimana kamu ini, segitu aja ga bisa.”
Pa Harmoko : “Oh iya, maaf Pa ...”
Cag ah!


Saémbara Raja Thailand
Raja Thailand ngayakeun saémbara: “Sing saha-saha anu bisa nyieun gajah kuring ceurik, mangka bakal dibére saparo kakayaan Kerajaan kami.”
Der, wéh nu miluan saabreg ti mana ti mendi, ti Jepang, Malaysia, Brunei, Singapur, India, nepi ka nagara urang teu tinggaleun.
Unggal nagara satékah polah kumaha carana sangkan bisa ngajadikeun gajah ceurik.
Antukna euweu hiji-hiji acan nu bisa nyieun gajah éta ceurik. Prak peserta terakhir ti Indonésia, leumpang gagah, maké baju sapari, disapatu hideung mani ngagenclang, jeung mawa koper.
Ngadeukeutan tah peserta ti nagara urang téh, nitah gajah diuk, tur ngomong ka deukeut ceuli gajah, jiga nu ngaharéwos.
Si gajah unggeuk, teu lila langsung ngagukguk ceurik.
Penonton surak, ramé, nepi ka Raja Thailand henteu percaya gajahna bisa ceurik jiga kitu.
Dibére wéh si peserta éta hadiah nu geus dijangjikeun ku raja. Panasaran si raja hayang nyaho naon anu geus diomongan ka gajah manéhna.
Ngajawab: “Ampun paralun Tuan Raja. Kuring mimiti ngomong ka gajah paduka. Tepangkeun kuring Burhan ti Lampung, si gajah unggeuk tah. Terus kuring tuluykeun, pagawéan kuring jadi guru di Indonésia téh, tah ieu nu matak gajah paduka ceurik balinglikan.”
Si Raja : “Oooohhh ...” (gideg cangcaya)


Tilu Buhaya Nu Lapar
Tilu anak babi di pentaseun walungan rék meuntas. Padahal di walungan éta aya tilu buhaya nu lapar kacida. Dasar anak babi teu boga otak, teu mikir, angger wé meuntas. Santok! Dihakan si anak babi ku buhaya kahiji. Wareg tah hiji buhaya.
Ningali kitu si anak babi kadua rada sieu rék meuntas. Tapi da babi téa teu mikir, tetep meuntas. Nya puguh disantok ku buhaya lapar nu kadua! Wareg deui. Tinggal hiji buhaya nu lapar ayeuna.
Tinggal hiji deui anak babi can meuntas. Geus teu kudu dinaha-naha, da anak babi nu katilu angger meuntas walungan. Kucubak-kucubak. Ari rada lila nepi si anak babi téh ka peuntas, salamet, henteu didahar ku buhaya lapar nu katilu. Rada héran si anak babi nanya: “Naha manéh teu ngadahar kuring, yeuh buhaya?”
“Ah, da kuring mah Islam, sanajan lapar ogé teu sudi dahar anak babi mah.”
(Punten ah, mung banyol)


Buka 24 Jam
Aya apotek di sisi jalan Wastukancana. Di kaca apoték éta aya tulisan nu unina “Buka 24 Jam”
Naha teu ngawadul apoték téh, geus 24 jam leuwih gening angger buka. Yeuh pamiarsa, ulah percaya ka apoték nu aya tulisan buka 24 jam, ngawadul éta mah. Ulah daék dibobodo, da rahayat jaman ayeuna mah geus palalinter.


Lain Newton, Si Asép Nu Manggihan
Keur sakola kénéh kuring inget yén nu manggihan hukum gaya gravitasi téh Isaac Newton, bangsawan ti Inggeris. Ari geus gedé kuring teu percaya kitu waé naon anu ditulis dina buku. Ayeuna kanyahoan, yén nu manggihan hukum gaya gravitasi téh lain Newton sanggeus aya apel ragrag, tapi gening Si Dusép, urang Kadungora, anu geus ngimpleng éta gravitasi téh, jauh saacan Newton ngumumkeun téorina. Hanjalak Si Dusép manggihana keur diuk di handap tangkal durén, brag ragrag durénna kana sirahna.
Wayahna wéh gening ayeuna Si Dusép jadi gélo ngomong ngalér ngidul “Hayang garfit, hayang garfit!” (maksadna mah urang nu nimu gaya gravif\tasi téh)


Beunghar Jasa
Dua jalma keur ngadekul di sisi walungan Cisadané, Tangerang, nungguan pancingana disantok ku lauk.
Yatna : “Yeuh apal teu yén urang baheulana kaasup jalma nu beunghar jasa (beunghar pisan)
Engkos : “Dimana horéng kaayaan jiga kieu bisa nyebat beunghar jasa.”
Yatna : “Bener, teu bohong urang mah, nepi ka paribasana harta urang téh moal bék tujuh turunan mah.”
Engkos : “Naha atuh ayeuna beut malarat jiga kieu.”
Yatna : “Heueuh da kuring ayeuna turunan kadalapan, nya puguh wéh béakeun.”
Engkos : “jadol téh, boro dibandungan.”


Ndhebus
Mas Karto nganjang ka babaturana Kang Juhana urang Malangbong. Hiji waktu Mas Karto diajak ku Kang Juhana nongton hiburan debus di lapangan.
Mas Karto : “Wah hebat bener tu orang yo.”
Kang Juhana : “Ya iya wong sudah ahlinya.”
Mas Karto : “Kenpa bisa gitu Kang?”
Kang Juhana : “Gak kenapa-kenapa wong debus kok.”
Mas Karto : “Bener itu dhebus Kang?”
Kang Juhana : “Bener, itu debus. Masa saya bonhong.”
Mas Karto : “Aku coba yo.”
Saacan dicarék Kang Juhana, Mas Karto geus meuncit awak sorangan ku golok nu seukeut. Antukna Mas Karto dibawa ka Suniaraja, dimakamkeun harita kéneh.


Tatarucingan
Warta : “Ben, tatarucingan yeuh. Walungan naon anu pangpanjangna sadunya?”
Beben : “Walungan Cihideung, sabab saking jerona nepi ka hideung.”
Warta : “Lain. Nu bener Cikapundung, ngaliwatan Asia jeung Afrika.”
Beben : “Urangeun Ta. Kota naon anu pangsangsarana?”
Warta : “Nganjuk!”
Beben : “Bener euy. Hiji deui teguh nya, Kota naon di benua Erpoah nu penrah didatangan ku wali songo?”
Warta : “Wah, naonnya?”
Beben : “Taluk? Kota Denmark, he he ...”
Warta : “Demak kituh. Yeuh urang gé aya. Nagara naon nu pendudukna 100% Urang Jawa?”
Beben : “Surinameu, lamun henteu Puerto Rico!”
Warta : “Lain. Nu bener Portegal.”


Ngeunah Jadi Urang Indonésia

Mangka kudu sukur jadi urang Indonésia, henteu ripuh-ripuh teuing hirup di dieu mah. Lamun aya acra salametan anak lahir, urang mah cukup ku ngabubur beureum jeung bubur bodas.
Coba lamun jadi warga negara Amérika atawa Papua Nugini, meureun lamun aya salametan kitu kudu ngabubur beureum, bdoas, jeung ngabubur biru. Jeung deui kudu dibentuk bintang jeung garis-garis. Komo Urang Papua Nugini kudu ngabubur konéng, ngabubur beureum-bodas, jeung ngabubur hideung. Duka kumaha bentukna.


Tatarucingan (2)
Beben : “Ceu, tatarucingan deui.”
Kokom : “Sok lah.”
Beben : “Naon bédana tahu jeung bujur?”
Kokom : “Nya béda, tahu mah konéng bujur mah hideung.”
Beben : “Lain!”
Kokom : “Naon atuh”
Beben : “Tahu mah lamun dibalikeun angger jadi tahu. Tapi lamun bujur dibalikeun jadi ....”
Kokom : “Heup! Geus ulah diteruskeun. Si pikasebeleun téh. Abdieun Kang.”
Beben : “Mangga.”
Kokom : “Bapana Urang Cina, ibuna Urang Aceh, anakna ngaranna saha?”
Beben : “Ih nanya téh nu kitu, nya kumaha bapana wéh diaranan saha.”
Kokom : “Yeuh, bapana Cina, ngarana Chang. Ari ibuna Urang Aceh ngaranna Cut, jadi anakna ngaranna?”
Beben : “Chang-....”
(mangga teraskeun nyalira)


Nini-nini Ngirim Surat (1)
Aya nini-nini buta hurup, rék ngirim surat ka incuna di Jakarta. Manéhna indit ka kantor pos di Babakan Ciamis. Sup wéh kajero, dilayanan ku pagawé kantor pos nu ngora kénéh, kasép, jeung bageur.
Pagawé Pos : “Mangga Ni, aya nu tiasa dibantos?”
Nini : “Muhun cép. Nini téh rék ngirim surat ka incu, ngan teu bisa nulis nini téh.”
Pagawé Pos : “Sok atuh Ni, ku abdi diseratna. Nini nu ngadiktékuna.”
Nini : “Oh, kitunya, sok atuh acep nu nulis.”
Teu lila Si Nini geus réngsé ngadiktékeun isi suratna, rét nagalieuk sakeudeung kana surat nu keur ditulis pagawé pos téh.
Nini : “Hiji deui tambahan di handapna cép.”
Pagawé Pos : “Mangga. Naon Ni?”
Nini : “Cu, punten upami seratana awon, bilih teu kabaca.”
Pagawé Pos : “Har, ari Si Nini!”


Peureup Si Asep
Ngaran kuring Asép, Asép Situmorang. Cenah cék barudak di imah, kuring téh sieunan, teu wani males ku omongan acan lamun aya nu ngaléléwé. Komo imah kuring mah di jalan Jembar, di daérah Cicadas nu katelah jawarana.
Tapi cék saha kuring sieunan. Kamari peuting kuring ngaliwatan barudak pangangguran nu keur maén gapléh di sisi jalan, ku kuring peureupan kabéh. Euweuh nu wani males, melong ogé henteu, kadon tarungkul deui, jiga nu teu ningali kuring ngaliwat. Pas ditanya ku babaturan, naha bener manéh meureupan pangangguran éta?
Bener, ku kuring dipeureupan. Ngan peureupna dina jero saku calana ...


Jelema Lieur
+ : “Keur naon yeuh?”
- : “Keur nyieun surat euy.
+ : “Nyuratan ka saha?”
- : “Nyuratan ka Barack Obama.”
+ : “Weuh, hébat euy. Apal kitu alamatna?”
- : “Puguh ieu gé nyuratan téh rék nanya alamat manéhna.”
+ : “Lieur sugan jelema téh.”


Nini-nini Ngirim Surat (2)
Aya nini-nini ngirim surat ka incuna di Jakarta. Manéhna indit ka kantor pos di Babakan Ciamis. Geus réngse nyuratan téh dibantuan ku pagawé pos nu kasép téa.
Geus lila Si Nini masih ngajanteng di kantor pos.
Pagawé Pos : “Punten, Ni. Naha beut aya kénéh di dieu?”
Nini : “Ari surat nini ka incu tos diposkeun?”
Pagawé Pos : “Parantos. Ti tatadi tos diposkeun”
Nini : “Nya nuhun atuh. Nini téh keur nungguan balesanana, naha beut lila nya?”
Pagawé Pos : “Hmm, abong nini-nini.”

Kampanyeu (1)
Dina laporan bulanan pabrik motor Honda di Cirebon sabulan katukang penjualanna naék nepi 80%. Fénoména ieu teu saluyu jeun kaayaan krisis global anu mareuncit pabrik ti mimiti ahir taun kamari.
Pihak manajémen pabrik Yamaha saingan Honda nyalidik naha beut bisa naék nepi ka 80% sedengkeun Yamaha malah turun 34%.
Hasilna: pabrik Yamaha ngumumkeun, yén kenaikan penjualan Honda téh ampir 98% aya tina motor Méga-Pro, nu ludes saprak caprés Megawati maju nyalonkeun diri ngagandéng Prabowo.
Ahirna: keputusan rapat pamingpin pabrik Yamaha ngaluarkeun produk anyar, saacan pilprés, nu diaranan Yamaha Jupiter K-Win.


Kampanyeu (2)
Di hiji warung kopi, aruplek ngobrol tilu pamuda. Seurius katingalina mah, ngobrolkeun masalah pemilu.
Pamuda I : “Kesel urang mah!”
Pamuda II : “Kunaon ari Sujang, datang-datang beungeut rangkedut kitu?”
Pamuda I : “Teu ngarti pisan, maenya Paguyuban Pasundan milih SBY. Hidup SBY, cenah.”
Pamuda II : “Har, ari kitu naha?”
Pamuda I : “Apan urang téh Urang Sunda lain, naha beut milih SBY cik milih téh BDG!”
Pamuda III : “Naha manéh jiga jalma nu teu ngarti.”
Pamuda I : “Da urang mah US wajib wé atuh ngadukung BDG.”
Pamuda III : “Geus éléh BDG mah, kompetisina ogé anggeusan. Nu meunangna mah geus aya, tuh JYP.”
Pamuda II : “Naon ari JYP?”
Pamuda III : “Éta JYP ... Jayapura.”
Pamuda II : “Lalieur sugan, urut caleg nu teu lolos jadi garélo kieu.”
(Punten ah, sanés mamanas suhu pulitik, mung badé banyol)



Ngahormat Ka Anu Leuwih Kolot
Si Soméah, pamuda nu to’at kana peupeujueh indung, pamuda nu nurut. Hiji mangsa keur ngilu sholat berjamaah di masigit, jadi ma’mum. Ari gigireunana Ki Jaéd, seseouh jeung kiyai anu disegani.
Asup kana tahiyat, lebah rék maca syahadat, ras inget manéhna cék indungna: “Kudu ngahormat ka kolot.”
Érék nunjuk ku ramu telunjuk, teu jadi, da inget omongan indung tadi. Diganti wéh syahadatna nunjukna ku ramo jempol, ngarah bisa ngahormat nu leuwih kolot.
Cag ah!

Carita Tukang Celep
Aya bangsat nu tétérékélan di hiji imah, dina hiji peuting nu simpé. Naék akan témbok gigireun imah, terus naék deui ka kenténg luhureun kamar, rék maok perhiasan caritana mah.
Ari pék kenténg ditijek téh geus bobok, nya puguh teu kuateun nahan beurat si maling. Ngagubrag tah si maling téh! Nepi ka maotna.
Kulawarga si maling teu narima, naha beut bisa maot. Manéhna nyalahkeun nu boga imah, naha nyieun imah téh beut kuat kitu.
Dipanggil wéh ku hakim nu boga imahna. Disidang kasus maotna si maling. Cék nu boga imah, ulah nyalahkeun kawula Pa Hakim. Tuh tukang kayi nu disalahkeun mah, naha beut maké kayi nu goréng patut.
Digeroan tukang kayi nu nyieun imah téh. Disidang rék dihukum mati. Gogodeg si tukang kayi, naha beut abdi nu disalahkeun. Wanoja nu gigireun imah atuh Pa Hakim, naha beut maké daster warna oranyeu, nu matak sérab ka panon simabdi, nu matak maku na teu leres.
Ras wéh Si Hakim ngageroan si wanoja, ditanya naha beut maké daster warna oranyeu. Har ari Pa Hakim, wanoja ngawaler. Abdi mah hoyongna daster téh warna kayas, naha ari tukang celep beut nyelep daster kuring ku warna oranyeu.
Ahirna dipanggil tukang celep, ditanya ieu itu, naha beut bisa salah nyelep. Geus euweuh ampun cék Si Hakim, euweuh alesan ayeuna mah, nu salah didinya, bari tutunjuk ka tukang celep. Manéh kudu dihukum mari, dihukum gantung!
Isukna dilakukeun wéh hukum gantung téh. Hakim heus méré aba-aba yén hukuman geus kudu dilakukeun. Rada lila nungguan, naha beut jempe waé. Haki mngageroan algojo, kumaha geus dihukum tukang celep téh.
Parantos Pa Hakim, nanging teu maot waé.
Naha bisa kitu?
Tukang celepna jangkung, tihang gantunganna pendék kurang jangkung.
Naha ari manéh bodo-bodo teuing, téangan tukang celep nu pendék. Geuwat geura digantung.
Mangga Pa Hakim.

Saha Anu Teu Sieun Ka Pamajikan?
Dina hiji pertemuan dibahas yén émansipasi téh ayena mah kudu aya di diri lalaki. Pasualanna loba lalaki nu sieun ku pamajikan sorangan. Dibahas wéh kumaha sangkan bisa nyingkahan kasieun éta.
“Cik ayeuna anu sieun ku pamajikan pindah diukna ka beulah katuhu!” cék pamingpin pertemuan.
Kabéh lalaki nu hadir di dinya pindah ka beulah katuhu diukna. Mung aya hiji lalaki nu tetep teu pindah ka katuhu diukna.
“Tah ieu anu diharepkeun téh. Saha ari bapa téh, teu sieun ku pamajikan nya. Naon pangna sangkan bisa nyingkahan kasieun ka pamajikan?”
“Ah duka abdi mah. Da pokona mah ditidah ku pamajikan tetep di dieu diukna ulah pindah, nya nurut wéh abdi mah.”
“Euuuh sugan téh bener teu sieun ku pamajikan.”

Carita Jaman Nabi Enoh
Ieu mah carita ti Ganjar Kurnia, anu ayeuna jadi Rektor Unpad.
Kacaritakeun jaman Nabi Enoh anu rék kadatangan banjir gedé nu bakal neuleumkeun kabéh nu aya di dunya ieu, katut anak jeung pamajikanna anu dolim. Sasatoan pada sapasang-pasang naék kana parahu nu geus disiapkeun.
Ari kitu pikeun jaga-jaga kabéh alat kelamin sasatoan diteukteuk tur disimpen di tempat anu ‘super’ aman. Saha anu apa boa-boa parahu na teuleum.
Kacaritakeun, salamet kabéh nu aya dina parahu téh, ari kitu cai bah téa geus saat, tarurun wéh sato jeung Nabo Enoh téh. Dibawaan deui alat kelamin sasatoan téh séwang-séwangan. Ari giliran ka sireum, da puguh sireum mah leutik, komo éta na leuwih leutik, teu kapanggih. Ditéangan kaditu kadieu, angger euweuh. Hése atuh da néanganna. Nepi ayeuna can kapanggih nu boga sireum mah.
Matak lamun merhatikeun sireum leumpang, panggih jeung balaréana suk silih ngadeukuetan, jiga paadu sirah. Cenah sasalaman. Lain, lain sasalaman! Éta téh nanyakeun alat kelaminna: “Geus panggih can euy...?”


Surat Al Fil
Hujan gedé soré éta. Si Soléh nu geus ngamén di parapatan Dago-Riau lumpat néang tempat ngiuhan. Katingal beulah kidul aya masigit. Bret lumpat tarik Si Soléh téh, muru éta masigit, ngiuhan, sakalian rék sholat Magrib., da téréh nincak kana waktuna.
Sholat wéh berjamaah, di-imaman ku sesepuh didinya. Rokaat kahiji, palebah maca susuratan, gening panjang pisan, aya kana 15 menit mah. Teu biasa téa atuh da Si Soléh sholat nepi ka lila kitu. Ngagerentes dina haténa mah.
Bérés rokaat kahiji, cengkat ka rokaat kadua. Ari kitu sarua. Palebah maca susuratan téh panjang, nepi ka 20 menitan mah.
Réngsé sholat, hujan masih gedé. Antukna Si Soléh masih di masigit éta, ngiuhan. Dihareupeuna jelema kolot nu nga-imaman tadi Magrib.
“Punten Apa badé tumaros. Upami tadi pas Magrib maos susuratan panjang-panjang teuing, surat naon éta téh?”
“Oh, anu rokaat hiji mah Surat An Naml, anu kaduana Surat An Nahl.”
“Oh, kitu nya apa. Rupi hartosna naon éta An Naml sareng An Nahl téh?
“Ari An Naml mah sireum, lamun An Nahl sarua jeung nyiruan.”
“Hm... Punten Apa, tumaros deui, upami engké sholat Isya badé maos surat naonnya?”
“Ah, Isya mah ulah nu panjang-panjang cukup Al Fil jeung Asy Syams waé.”
“Rupi hartosna?”
“Al Fil mah gajah, Asy Syams mah panonpoé”
Gebeg, Si Soléh ngagebeg. Sakitu sireum jeung nyiruan waé panjangna ménta ampun, ieu rék maca surat gajah jeung panonpoé. Beuu!
Beretek, Si Soléh kaluar masigit, lumpat gagancangan balik ka imahna.
“Kamana Sujang, hujan masih gedé kieu?”
“Wios Apa da abdi mah jagoan ....”

Nu Gélo
Peuting simpé, dokter Adun keur istirahat diimahna. Dokter Adun téh dokter jiwa di salah sahiji rumah sakit jiwa di Bandung.
Kring! Disada telepon dina méja gawéna.
“Halow, di sinih dokter Adun, ada yang bisa dibantu?”
“Halow, dok. Abdi Cépot.”
“Aya naon Pot?”
“Ieu dok, aya nu turakal-turékél naék lomari. Gawéna nyoo bohlam.”
“Naha cicing waé, carék atuh ku manéh!”
“Har ari dokter, kumaha, apan abdi téh bohlamna.”

Urang Sunda
Cék saha Urang Sunda teu bisa nyebat “F”??
PITNAH éta mah, pitnah!!

Si Kabayan Maok Kalapa
“Rék naon manéh Kabayan naék tangkal kalapa?” ningali Si Kabayan turakal-turékél kana tangkal kalapa, Si Abah nanya, “Rék maok kalapa déwéknya manéh?!”
“Ah, henteu Abah, abdi téh nuju badé milarian jalan ka surga. Leres kitu kadieu.” bari semu beureum beungeut, éra kapanggih ku mitohana.
“Ah dasar si borokok! Geus turun siah kadieu. Nyaho ieu naon?” Si Abah nyekel kai ti pipir.

Badé Ka Cideng Néng?
Kenék anyar, nyupiran angkot jurusan Gunungsari-Pléréd.
Hiji wanoja anyar ogé cicing di Cirebon, apalna mung Kedawung jeung Alun-alun.
“Cideng néng, hayu néng Cideng!” (maksudna mah Cidéng, rék ka Cidéng deukeut Kedawung)
“Lalaki atah adol. Maenya geulis kieu disebat hideung.”
“Har ari Si Enéng, damang kitu. Ditanya kalah ambek.”
“Keun baé, lalaki goréng patut!”

Sukur Jeung Sabar
Aya pangantén anyar. Si lalakina neuteup pamajikana meni anteb, jero.
“Kunaon ari Si Papih neuteup Amih meni jiga kitu, asa sarieun.”
“Henteu Amih. Apih mah asa tambah sukur, gaduh pamajikan anu, disidik-sidik, beuki kadieu téh beuki ngageulisan.”
“Sukur wéh atuh, Apih bisa nyukuran gaduh Amih nu sakieu ayana. Apih apal teu saur Mama Ajengan?”
“Naon?”
“Aya dua anu bakal dibéré ganjaran pahala téh. Kahiji, lalaki anu sukur gaduh pamajikan geulis.”
“Nu kaduana?”
“Istri anu sabar gaduh salaki nu goréng patut, siga Apih.“
“Nya ari Si Amih, ngajak perang dunia katilu ieu téh?”

Zebra
Ceuk Ibro ka doktor hewan : "Pa....kumaha ngabédakeun kuda sebra jalu jeung bikangna??"
Jawab dokter hewan : "gampil atuh, ari kuda jalu mah dasar hideung polet bodas.... ari nu bikang mah dasar bodas polét hideung..... ...."

Pendeta nu Ngebut Ditilang Polisi
Dua urang pendeta tumpak sapédah motor ngebut di jalan raya. Nepi ka parapatan Pléréd aya pulisi, Priit! Maranéhna ditilang. Geus mah ngebut teu maraké hélm nu duaan éta téh.
“Nanahaon ari maranéh?” (teu apaleun éta téh pendeta ) “geus ngebut ngajalankeun motor, teu maké hélm deuih. Rék dipenjawa waé kitu?”
Pendeta nu kahiji ngajawab "Kami mah numpak motor, mung ngurilingan kota Pa Pulisi ... tingali motor ieu mémang mani hébat, bisa ngebut nepi 100 km per jam."
Pa Pulisi gideug. “Kalah kumaha ogé maranéh bakal ditilang!”
Pendeta nu hiji deui ngaharéwos : ”Tuh, Pa kumaha urusanna jadi kieu? Sayah mah sieun ari geus kieu mah.”
Pendeta kahiji pok ngomomng : “Ulah sieun, apan Yésus geus pasti aya bareng urang.”
PA Pulisi ngomong deui, "Wah, lamu kieu mah kudu bener-bener ditilang. Numpak motor tiluan! Mana saurang deui nu ngaranna Yésus téh?."

Past jeung Present Continues
Bu Wiwin téh guru basa Inggeris anu katelah killer di sakolana.
Barudak awéwé mah biasana balageur, béda jeung barudak lalaki nu balangor.
Unggal rék réngsé palajaran, Bu Wiwin, nu bahénol, sok ngetést murid-muridna.
Poé kahiji
"Ayeuna ibu rék ngetést maranéh ihwal irregular verb, anu bisa ngajawab bener, meunang balik ti heula!", cék Bu Guru Wiwin.
"Anu teu bisa, nangtung di hareup nepi ka ibu kaluar ti kantor! "
"Karsih, sok sebutkeun conto irregular verb!"
"Bring - brought - brought, hartosna nyandak"
"Alus manéh Karsih. Cik ayeuna Bébén! Tong heureuy baé manéh!"
"Dag - dig - dug, hartosna abdi teu acan ngadamel PR".
"Nangtung dihareup! Sok manéh Dadan! "
"Brang - bréng - brong, hartosna ema ngambek di dapur alatan teu gaduh béas."
"Nangtung dihareup! Manéh Dikdik. "
"Begang - begéng - begung, hartosna siga awak Datuk Maringgih."
"Nangtung dihareup , teu balég pisan. Sok Dindin, conto irregular verb."
"Dar - dér - dor, hartosna perang di Irak jeung Paléstina."
"Nangtung dihareup! Kokom geura sebutkeun."
"Pak - pik - pek, hartosna abdi bébérés di bumi."
"Bohong manéh mah tara bébérés, saruana awéwé téh, nangtung dihareup. Manéh Maman.”
"Blag - blig - blug, hartosna si Atun diajar leumpang "
"Nangtung dihareup! Mimin manéh ayeuna."
"Brak - brik - brek, hartosna awut-awutan "
"Nangtung dihareup oge. Lieur jiga kieu mah ngajar téh. Gangan!"
"Plak - plék - plok, hartosna bararahé "
"Masingna asé réhé atuh, nangtung dihareup! Tantan."
"Cas - cis - cus , hartosna nyarioskeun batur "
"Nangtung dihareup ! Kabéh baralegug. Dédéh."
Si Dédéh téh budak nu geumpeuran, ti tatadi geus ngahodhod sieuneun ditanya.
Ayeuna ditanya pisan ku Bu Guru Lia.
Bakating ku geumpeur, ari seduuut …. téh hitut !
"Brat - brét - brot nyah!?, saur Bu Wiwin bari manyun : "Kaluar kabéh! ", Bu Wiwin bendu.

Poé ka dua
"Ayeuna ibu rék ngetést maranéh ihwal present continous, anu bisa ngajawab bener, meunang balik ti heula! Anu teu bisa, nangtung di hareup nepi ka adan Magrib."
"Wawan, sok sebutkeun contona present continuous téh."
"Hi istuning (he is tuning), hartosna dia keterlaluan."
"Manéh nu istuning belegug pisan mah! Keukeu.”
"Déy weureu daun (they were down), hartosna mereka weureu daun"
"Weureu daun naon manéh téh Keukeu?!, kahareup kabéh! Matak TBC ngajar barudak kawas kieu mah."
"Ah moal bu, buktosna pun rama ngajar di KTB bagian C séhat-séhat saja tuh…."
"Heueh da gajihna béda jeung guru SD!"

Tos telat Sasasih Kang …!
Hiji poe, Euis nyambut carogena nu mulih ti kantor bari semu sugema. Panganten anyar carita.
"Kang… abdi telat sasasih. Urang baris gaduh orok." Ceuk Euis. "Tadi tes ka dokter. Tapi ulah waka ngawartosan sasaha, bilih teu janten."
Isukna, aya tukang nagih listrik ngetok panto.
Saparantos panto dibuka, tukang tagih listrik nyarios, "Ibu, punten, rupina ibu telat sasasih…"
"Hah? Timana anjeun terang?"
"Ieu aya dina catetan abdi."
"Hah? Piraku nepi ka aya dicatetan anjeun?"
Enjingna, si caroge ngambek ka kantor pembayaran listrik. Nepungan nu tukang nagih listrik kamari. "Kumaha ieu teh,
Naha anjeun bisa nyaho, pamajikan kuring telat sabulan?"
"Sabar, sabar, pa. Upami bapa hoyong catetan ieu dipupus, kantun bayar we ka abdi…."
("Wah…pemeresan yeuh…" ceuk si carogé tea. "Mun kuring nekat teu mayar?"
"Nu bapa baris dicabut…"
"Wah..mun nu kuring dicabut, ke pamajikan kuring make naon?"
"Nya..tiasa nganggo lilin…."
Lilin dina Gelas
Hiji murid nu kawentar bangor di kelas fisika nanya ka guruna
Murid : Pak, sim kuring gaduh patarosan
Guru : Naon?
Murid : Hiji lilin nu hurung ditutup gelas, lilin eta pareum. Nu kitu teh nunjukkeun naon?"
Guru : Teu aya hawa dina gelas
Murid : Salah, Pa.
Guru : Naon atuh?
Murid : ngabuktikeun yen urang kirang padamelan
(Mang Jamal)

0 komentar:

Post a Comment